Sajak Ibnu Hijar Apandi

Parongpong

Peuting nu kamari
datang deui
jeung haseup

luhur lembur
dampal suku jugala kota
lidig
pinuh kekebul

2007

Cihideung, Hiji Mangsa

Kembang di Cihideung
lir parawan
imut
gugupay
sapanjang jalan

hiji mangsa,
aya nu metik
tina tangkayna
ngeclak cimata

2007

Lamping Saronggé

Keur anjeun, dapuran awi
nu ngarangrangan
mun isukan anjeun gé palastra
ka saha kuring nitipkeun carita
ieu jalan satapak
geus lawas taya nu ngaliwatan

2007

Walungan Cibeureum

Katumbiri,
Geuning lain keur kuring

1998-2007

Komentar

2 Komentar kana seratan “Sajak Ibnu Hijar Apandi”

  1. deyusro | 27-02-2009, 01:57:19

    Murangkalih gaduh tugas ti sakola kedah milarian puisi nu nyaritakeun sakola.

  2. irwan | 01-03-2009, 10:13:00

    nengetan sajak “walungan cibeureum” janten rada kerung,tinangtos jero pisan maknana…

Ngintunkeun Komentar