Kadir Tisna Sudhjana (1912 - )
Sok disebat KTS. Éta istilah téh biasa dianggo ku Kadir Tisna Sudhjana ari ngumumkeun karangan-karanganana. Sabada tamat Normaalschool (Sakola Guru) Purwakarta, Kadir jadi guru di sawatara tempat, antarana di Purwakarta, Bongas (Majalengka), Kuningan, Bogor, Bandung, jeung Tasikmalaya. Taun 1926 mimiti ngirimkeun réportaseu ka suratkabar Sipatahoenan, nu tuluy dituturkeun ku guguritan ka majalah Sekar Roekoen. Guguritan, lulucon, carita pondok, roman saduran jeung wawacan damelanana dimuat dina Volksalmanak Soenda jeung Parahiangan wedalan Balé Pustaka, malah aya di antarana anu medal mangrupa buku, nyaéta Babad Majapait (1939). Kadir ogé sok mantuan suratkabar Pemandangan (basa Indonésia).
Waktu révolusi ngungsi ti Bandung ka Tasikmalaya. Bari ngaguruan mantuan redaksi Sunda RRI nu harita digabungkeun jeung RRI Bandung nu diungsikeun ka Tasikmalaya. Taun 1949 mulang deui ka Bandung, dipapancénan mingpin redaksi majalah resmi lingkungan PP & K, Pembangunan. Tapi Kadir ku anjeun medalkeun sarta mingpin majalah basa Sunda Lingga (nepi ka taun 1950). Taun 1951, jadi deui guru di SMP Tanjungpinang, nepi ka taun 1958. Taun 1958 pindah deui ka Bandung jadi Wakil kepala Jawatan Kebudayaan. Taun 1964 pindah jadi guru di Konsérvatorium Karawitan nepi ka pangsiun. Sabada pangsiun Kadir kungsi jadi redaktur majalah Manglé (ti taun 1969 nepi ka pupusna).
Kadir dibabarkeun di Subang (1 Désémber 1912), pupus di Bandung.
Bisa jadi Kadir téh jalma anu munggaran ngumumkeun wangunan sajak dina basa Sunda. Cenah mah anjeunna kungsi ”ditegur” ku M.A. Salmun lantaran nulis sajak dina basa Sunda téh. Ku Salmun dina buku Kandaga Kasusastraan Sunda, K.T.S. diasupkeun ka pangarang ”Angkatan Parahiangan”, nyaéta anu mimiti ngumumkeun atawa réa ngumumkeun karangan dina majalah Parahiangan.
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Kadir Tisna Sudhjana (1912 - )”
Ngintunkeun Komentar
kumaha ayeuna pami ngadamel buku sunda kamana nerbitkeunnana?