I. Asikin (1920 – 1987)

Leuwih réa nulis carita pondok manan sajak, tapi sakapeung sok nulis guguritan deuih. Geus ngamuatkeun tulisan ti jaman Parahiangan (1929-42) kénéh. Dina jaman Jepang kungsi jadi Héiho, ditempatkeun di Madura, ku lantaran éta iasaeun sasauran basa Jepang jeung basa Madura. Sabada pangsiun ti Kapala SMP Negeri Ciparay, jadi redaktur majalah Manglé nepi ka pupusna.

Karangan-karanganana dimuat dina Warga jeung Manglé, ari nu basa Indonésia dina Suara Guru (majalah PGRI), suratkabar Pikiran Rakyat jeung suratkabar Kompas.

Asikin dibabarkeun di Ciparay, Bandung (4 Maret 1920) sarta pupusna ogé di Ciparay deuih (24 Séptémber 1987).

Carita pondokna aya nu kungsi dibukukeun, dijudulan Nu Tepung di Imah Dukun (1983). Sering ngagunakeun sandiasma, di antarana Déwi Kania dina sajakna.

Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)

Komentar

Ngintunkeun Komentar