Enang Rokajat Asura
ENANG ROKAJAT ASURA lahir di Rancaékék, Kabupatén Bandung taun 1965. Mimiti nulis serieus dikirimkeun ka media mah taun 90-an. Mimitina nulis carpon, artikel jeung berita di Pikiran Rakyat Minggu jeung Mingguan Galura, terus mimiti ngambah Jawa Pos, Mingguan Mandala, Majalah Mangle, Suara Karya Minggu, Kompas Minggu, Mingguan Swadesi, Mingguan Mutiara, Mingguan Terbit, Mingguan Gala sareng Tabloid Citra.
Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS 2008
PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda taun ieu ngayakeun saémbara ngarang sajak Sunda. Teu béda ti saémbara méméhna, ieu saémbara téh ngajembaran jeung ngahudang kréativitas pangarang kana karya sastra Sunda.
Saémbara Ngarang Carita Pondok di Internét
Situs http://galuh-purba.com gawé bareng jeung http://sunda.web.id, ngagelar saémbara ngarang carpon dina internét. Ieu saémbara téh diayakeun pikeun ngaronjatkeun kréatifitas ngarang carpon jeung ngundakeun pangaweruh ngeunaan dunya internét. Dalapan (8) naskah nu kapeunteun baris dilélér hadiah duit ku MICHAEL H. MARTIN.
Mh. Rustandi Kartakusumah Telah Berpulang
Sebagai sastrawan sekaligus budayawan Sunda kenamaan yang tidak tamat kuliah di Universitas Gadjah Mada, pada tahun 1951-1952 dia diminta mengajar di Universitas Yale dan Universitas Harvard, Amerika Serikat untuk mata kuliah seni dan budaya Indonesia. Tulisan-tulisannya yang tajam, dipublikasikan di berbagai majalah sastra dan budaya yang hidup pada tahun 1950-an hingga awal tahun 1970-an seperti di majalah Sastra, Zenit, Horison, Gelanggang, Siasat, dan Mimbar Indonesia. Selain itu dipublikasikan pula di Pikiran Rakyat.
Nu Nganteng ti Kang Ading
Aya nu nganteng ti Kang Ading -Rahmatullah Ading Affandi (1929-2008) - ngaliwatan karya-karya. Dimimitian ku kataji macaan karya-karyana nu ngandung unsur relijius, basa keur sakola jeung masantren (1964), nepi ka kataji ku sikep paripolahna sanggeus wawuh langsung (1970). Meureun ieu gambaran hiji sastrawan nu “tawadlu” (handap asor), ngaliwayan karya-karyana, boh fiksi, boh non fiksi, katut kahirupan nyata sapopoe.
Sandékala dina Téater
RIRIBUTAN jaman presidén Soeharto geus rék nincak 10 taun. Harita, Indonésia sasatna geunjleung ku rupa-rupa kajadian. Puseur dayeuh kahuruan. Mahasiswa demontrasi. Toko jeung sawatara wawangunan diranjah terus diduruk. Geus kitu Soeharto ngécagkeun kalungguhanana.
Anugerah keur Sastrawan Sunda ti YPK
RÉA nu nyebutkeun kahirupan sastra Sunda téh hésé menyatna. Éta téh sok dipatalikeun deuih jeung rupa-rupa karémpan kana tumpurna basa Sunda. Tapi geuning buktina mah teu kitu. Jero sapuluh taun katompérnakeun, réa pisan kagiatan nu némbongkeun yén sastra Sunda masih kénéh hirup. Média basa Sunda masih kénéh medal, kitu deui buku-buku Sunda. Husus keur pamedalan buku Sunda, katémbong deuih aya ronjatna ti taun ka taun téh.
In Memoriam Yoseph Iskandar: Mulangna Pangarang Novél Sajarah
Yoséph Iskandar téh sastrawan Sunda. Nulis carpon, sajak, novél jeung naskah drama. Réa karyana nu geus dibukukeun sarta dilélér hadiah. Lahir di Purwakarta, 11 Januari 1953. Sabada tamat SMA, Yoséph neruskeun sakolana ka Akademi Téknik Pekerjaan Umum (ATPU) Bandung. Ti dieu minatna kana sastra Sunda téh mimiti katémbong. Harita, Yoséph mimiti ilubiung dina kagiatan seni di kampusna, antarana waé mingpin Téater Khas (1977-1981).
Béwara Pinunjul Pasanggiri Tarucing Cakra
Sakumaha nu tos dibéwarakeun ti méméhna, dina raraga miéling Poé Basa Indung Internasional 2008, Universitas Padjadjaran gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) ngayakeun Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra. Kagiatan pasanggiri, boh nu online (dina internét) boh nu dina jaringan lokal, tos dilaksanakeun kalayan lungsur-langsar.
A. Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra Online
Ieu pasanggiri langsung dina internét. […]
Ngajungjung Basa Indung, Matéakeun Basa Urang
Kalawan tinimbangan kamekaran jaman sareng téknologi, téma nu dipilih dina miéling basa indung taun ieu téh nyaéta “Basa Indung dina Alam Kasajagatan” (bahasa ibu dalam alam globalisasi). Runtuyan acara nu dipidangkeun gé ngahaja rada benten ti taun-taun nu ka pengker, pangpangna dipatalikeun sareng téma nu dipilih. Acara gunem catur atanapi diskusi ngeunaan basa indung nu biasana janten jejer utama, ayeuna mah digentos ku Pasanggiri Ngeusian Tarucing Cakra langsung nganggo komputer sareng ngalangkungan internét.