Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 3 - Réngsé
Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Gaaaaaaaaaaaaangngngngngngngngngngng
Gaaaaaaaaaaaaannnnnnnngngngngngngngng
Sora gaang meureun nya?
Enya, lah! Sorana tarik. Angin rada hareungheuy. Nebak saeutik ka tepas imah. Jang Maman pupuringisan.
“Ke deui mah ulah sok gegelutan, atuh Ujang!” cek Ma Icih bari ngurutan bitis Jang Maman. Nu di nasehatan mah ngeluk bae bari pupuringisan.
“Teu sawios-wios kitu, Ma?” Ma Ayom nanya bangun nu aringis.
“Moal Nyai! Ngan bareuh saeutik. Nu parna mah tadi Jang Sonson. Aya nu misalah. Ampir potong sigana mah. Enjing oge Ema kaitu deui!”
“Kana lami kitu Jang Sonsosn damang na teh, Ma?”
“Nya kana saminggu dua minggu mah, kudu istirahat budak teh!”
“Karunya, nya? Eta deui Den Kopeng aya ku taya ras-rasan!”
“Can manggih apesna budak teh!”
“Diogo teuing, deuih!”
“Ari rek dilaporkeun ka pulisi, tuda budak Kades. Kararagok! Ari Bapana barudak jadi kaitu?”
“Ka bumi Kades?”
“Enya!”
“Duka atuh, da can mulang ti tajug. Panginten teras ka ditu!”
“Sugan wae atuh ayeuna mah diwarah tah ku Bapana!”
“Ka abdi oge kamari-kamari sok ngajakan gelut bae, Ma!” Jang Maman milu nyoara.
“Tong diladenan nu kitu mah!”
“Ka barudak istri oge sok ngaheureuyan bae deuih!”
“Lain turutaneun Ujang nu kitu mah. Nyusahkeun kolot, nyusahkeun sarerea deuih!
“Ari kamari, leres kitu Den Kopeng nu ngaduruk imah teh?”
“Cenah mah kitu. Dasar budak eusleum, imah kolot sorangan diduruk!”
“Di duruk ku Den Kopeng kitu, Ma?” Jang Maman nyureng.
“Cenah eta oge. Cek Mang Hansip mah kitu. Den Kopeng dudurukan di kamerna. Jadi wae kahuruan!”
“Anu aneh mah, naha Si Nero jadi kaduruk. Cenah harita teh da teu keur dicangcang!”
“Kakonci panginten!”
“Meureun atuh! Pa Kades jeung Bu Kades oge da teu ngaromong. Eraeun meureun!”
“Ari Den Kopeng teh leres kitu Ma putra Bu Kades?”
“Naha nanya kitu?”
“Atuda maenya ngaduruk bumi sepuhna!”
“Ah, ngarana oge jalma teu eling!”
“Ujang mah rek ngaduruk suluh wae, ambeh asak kana liwet!”
“Enya, hade keneh kitu!” Ma Ayom mesem. Gap leungeuna kana tarang Jang Maman. “Rada hareeng, Jang! Rieut?”
“Muhun, Ma!”
“Matak tong sok gelut atuh!”
“Da Jang Elom na, Ma!”
“Ah, saruana meureun!”
“Henteu, Ma! Jang Elom na miheulaan!”
Keur kitu, rentang-rentang aya sora motor. Ngahieng ieu mah. Teu ngadurutdut. Teu lila aya anu asup ka pakarangan. Euleuh geuning itu Neng Eva. Sanggeus nyetandarkeun Mio-na, terus nu jangkung lenjang teh uluk salam.
“Bagjaaaaaaa, aya Neng Eva, yeuh! Sok calik heula, Neng!” Ma Ayom cengkat, terus nepungan Neng Eva.
“Kunaon Jang Maman teh?”
“Eta titeundeut kana tihang saung! Sok calik heula, Nya!”
Ma Ayom terus muru ka tengah imah. Teu lila mawa cai dina gelas gambar kembang. “Ke antosan Eneng, Si Bagjana nuju netepan keneh! Tadi tas ti sawah kasontenan!”
“Timana atuh anu geulis teh?” Ma Icih seuri koneng, bari ngulaskeun balsem kana bincurang Jang Maman.
“Ti bumi wae, Ma Icih! Kumaha daramang nu di bumi?”
“Alhamdulillah Eneng. Daramang. Kumaha nu di ditu?”
“Pangesto, Ma!”
“Ngahaja atawa teu dihaja ka dieu, teh?”
Neng Eva mesem. Pipina nu kempot ampir kentob.
“Mani sae kitu motorna Eneng! Tiaasaan deuih numpakna!”
“Ah da Jetmatic mah, sapertos sapedah wae, Ma!”
“Naha Ema mah siga nu hayang tumpak?” Jang Maman seuri, ngagoda indungna.
“Ujang oge hayang lain?” Ma Ayom malik nanya bari mesem.
Jang Maman oge mesem.
Ti tengah imah Si Bagja datang bari memener sarungna. Helokeun. Tara-tara ti sasari. Jaba ieu teh…malem minggu.
Aya naon, nya?
“Tos disiapkeun beasna?”
Har? Kunaon indung? Geulis-geulis nanyakeun beas?
“Beas kanggo naon, Va?”
“Ihhh, saurna bade ngaliwet?”
“Ngaliwet? Saur saha?”
“Si Samsu…tadi nga-SMS ka Eva. Saurna, Bagja ngajak ngaliwet di dieu!”
Bagja kerung. Na iraha kuring ngajangjian? Batinna. Ah, ieu mah Si Samsu wae iseng. Dasar keur meumeujeuhna lieur.
“Ari Si Samsuna bade ka dieu?”
“Bade cenah. Sareng Tohir. Teras Neng Eti sareng Nyi Imas oge bade ngiringan!”
“Beu! Ke atuh…kumaha, Nya?” Bagja rada bingung.
“Keun wae atuh, Ja. Da Loba ieuh beas mah!” Ma Ayom mindingan kabingung anakna.
“Peda sareng peuteuyna mah, tos nyandak, da!”Neng Eva mairan.
“Asyiiikkk, Maman ngiringan nya, Teh Eva?”
“Kedah atuh!”
“Di pipir wae kitu Ma, ngaliwetna!”
“Enya! Gigireun balong wae atuh, ambeh teu jauh teuing ka cai. Ke lanan, mun Bapa maneh geus balik, urang sina ngala lauk!”
“Ah, sawios atu, Ma! Tong nyesahkeun!” cek Neng Eva bari menerkeun tali baju Jablai-na.
“Keun wae ku abdi, Ma! Aya ieuh siribna!”
“Hempek bae atuh!”
“Ah, entong, Ja! Pan tos aya peda ieuh. Cekap, lah!”
Sabot kitu, siga aya hujan dina kenteng suhunan. Teu lila aya nu pating beletrak. Tapi lain hujan.
“Alah, naha siga aya nu nengggoran kenteng, Nyai!”
“Muhun, Ma!”
Teu kungsi lila, jol beledag aya nu neumbrag kana jandela. Bedas pisan. Sarera rareuwaseun. Si Bagja rikat nyokot rancatan deukeut tepas. Jleng luncat meuntasan golodog.
“Kade Bagja, tong sologoto!”
Si Bagja terus muru ka pipir imah. Kasampak aya batu gede handapeun jandela. Untung lain tina kaca jandela teh. Moal teu peupeus ku batu sagede kitu mah. Si Bagja rarat-reret. Rada poek. Tapi katempo ku manehna aya nu lumpat ka kebon awi tukangeun imahna. Si Bagja lumpat muru nu kabur.
“Tungguan siah, bangsat!”
* * *
Jang Maman ngulangkeun jeujeurna. Clom kana cai deukeut dam. Ceb nancebkeun jeujeurna kana taneuh. Anteng neuteup tungtung kukumbul. Mata poe meh nengah langit. Moreret kacida. Untungna kaiuhan tangkal Kiara.
Luhureun Dam, Jang Samsu jeung Si Tohir anteng hihitaran. Sakapeung ngalagu Nidji. Sakapeung lagu Ungu. Terus disambung lagu ti Dewa, kaselapan lagu Darso jeung Dety Kurnia, bari seuseurian. Neng Eti jeung Nyi Imas milu mairan bari keprok. Aranteng. Suka bungah. Ari Si Bagja jeung Neng Eva anteng nyanghareupan kastrol. Si Bagja kabagean ngasur-ngasur suluh. Neng Eva mah nyambel goang bae dina coet kai.
Bongan peuting tadi aya nu ngaganggu, jadi acara ngaliwet teh dipindahkeun ayeuna. Duka saha nu kitu gawe. Basa Pa Adis mulang, kacida ambekna, pedah aya nu wani ngaganggu imahna. Si Tohir jeung Jang Samsu nu harita datang, oge milu ambek. Sok komo deui da acara ngaliwetna jadi batal.
Kaubaran ayeuna mah. Matak basa dicaralukan yen liwetna geus asak, gagancangan maranehna muru ngariungan kastrol. Jang Maman oge sot wae ngalesotkeun jeujeurna. Milu mantuan meakeun liwet.
Rengse murak liwet, Jang Maman ngahantem Bolu Gulung bawana Neng Eva. Bolu Dadakan Bu Otang tea ti Soreang.
“Raos, Man?”
“Pisan raosna oge! Iraha atuh bade nyandak deui?”
Neng Eva seuri koneng. Koneng saperti baju Jablai-na.
“Lain, euy! Uing mah boga firasat, nu maledogan imah maneh teh, sigana Si Kopeng!” Si Tohir muka carita bada liwet kari cucuk peda dina amparan daun cau.
“Lamun enya teh, naha bet kitu, nya?”
“Cek kuring mah, pedah dilaporkeun ku Bapa Maneh, Ja!”
“Naha? Apan ngan lapor ka Pa Kades, lain ka pulisi!”
“Sarua wae, meureun. Apan cek Bapa maneh, teu kungsi lila, Pa Kades ngahaokan Si Kopeng!”
“Den Kopeng!” Nyi Imas menerkeun.
“Geus, Tong disebut aden jelema kajajaden mah!”
“Terus disiksa henteu cenah?” Neng Eti milu tatanya, bari ngelapan bahamna.
“Duka atuh. Bapa teu mere beja nu eces!”
“Ke, lamun enya Si Kopeng, apan harita aya di imahna keneh meureun? Pan Pa Adis balikna rada peuting!”
“Nyimpang heula cenah ka Pa RW! Terus ka Pa Camat. Sarua rek laporan!”
“Untung Bapa maneh teu dipegat, euy!”
“Lamun enya teh, urang rempug wae isukan!” Si Tohir katempo ambek.
“Montong siah! Jadi ribut ke! Apan can karuhan saha-sahana!”
“Ah, cek kuring mah da moal saha deui? Coba, naon urusanana bet maledogan imah Pa Adis!” Si Tohir nyoba ngayakinkeun.
“Enya, da Bapa mah asa teu boga musuh. Jeung na deuih, apan Bapa uing mah purah buruh tani. Teu boga nu matak timburu batur!”
Jang Maman ngaheneng. Anteng ngadengekeun lanceuk jeung sobat-sobatna.
“Moal kitu pedah apaleun aya Neng Eva?” Jang Samsu kerung. Antara heureuy jeung serius sorana mah.
“Naon hubunganana?” Nyi Imas jeung Neng Eti meh bareng.
“Enya pedah Neng Eva aya di imah lanceukna Jang Maman!”
Si Bagja kerung. Neureuy ciduh nu ngadadak seuseut na tikorona. Neng Eva mah rey bareureum. Samar polah. Jang Maman culang-cileung. Gap deui kana bolu. Camuil-camuil wae. Anteng. Pedo pisan cenah.
Aya heulang ti kajauhan. Nyebetan langit.
- * *
Bu Indah, nu katelahna Bu Haji, da memang tos ka Mekah, madep ka barudak.
Kelas dumadak simpe. Gigireunana, Neng Eva tungkul. Nahan cimatana. Barudak silih reret. Horeng hampir kabeh oge cimataan.
“Tah kitu wae. Ayeuna pek geura sasalaman ka Neng Eva. Urang paturay tineung jeung Neng Eva, lantaran memang karep rek pindah sakolana. Makasar teh memang jauh. Tapi keun da hate-hate hidep mah, tetep padeukeut. Pindahna lain kunanaon. Estu rek tuturut ka sepuhna, nu bade tugas ka Makasar. Sok ayeuna mah, silih hampuraan, atawa bisi rek cumarita naon wae oge!”
Kasawang keneh ku Si Bagja, saminggu ti entas ngaliwet, harita barudak sakelasna muru Neng Eva. Digalentoran, disalaman. Careurik. Ma’lum, Neng Eva mah katelah murid bageur jeung pinter. Matak, bisi teu panggih deui, harita batur-baturna silih kecapkeun hampura jeung rasa sono. Jang Maman, nu apal Neng Eva rek hiber ka pulo sejen, atuh ngadat ka Si Bagja hayang milu jajap.
Asa cikeneh.
Bagja jeung Jang Maman, anteng nempoan tatangkalan, toko, jeung imah nu siga hiber tina jandela mobil. Tukangeunana, barudak nu milu jajap oge sarua huleng jentul. Mawa hate sorangan-sorangan.
Reg, mobil Kijang bogana Bu Indah, eureun di tempat parkir Bandara Husein Sastranegara, Bandung. Barudak nu rek jajap pating colohok. Enya, atuda kakara nempo bandara anu lumayan lega kitu. Kitu deui basa aya kapal nu rek badarat, barudak narutupan ceulina. Komo Jang Maman mah mani olohok nempo kapal sakitu deukeutna. Wanci carangcang tihang keneh harita teh. Bu Indah gugupay. Barudak nuturkeun.
Si Tohir, Jang Samsu, Neng Eti, Nyi Imas, Si Bagja jeung Jang Maman, gagancangan asup ka ruang tunggu. Jang Pandi, lanceukna Si Bagja nu nyupiran mah, muru ka warung sanggeus ngonci mobil. Rek ngopi heula, cenah.
Sakali deui, barudak nyalaman Neng Eva katut kadua kolotna. Ti Bandung teh, cenah rek ka Surabaya heula, nepungan dulurna. Terusna mah nya rek ngapung ka Sulawesi. Jang Maman mah alak-ilik wae kana karcis kapal, terus nempoan gambar-gambar jeung replika kapal nu aya di jero ruangan. Aya gambaran kabungah, aya oge rasa sedih. Komo barang Neng Eva gugupay dina taraje kapal udara, barudak bedah cimatana. Panon-panonna teu leupas nempo Boeing 737. Ti mimiti kapal lalaunan mapay landasan, nepi ngabelesetna ka langit, panon-panon nu rasa sonona kapegat teh, anteng mencrong kapal, bari mawa hate sewang-sewangna.
Naha hate teh asa tugenah kieu. Ratug wae, gerentes Si Bagja.
- * *
Dibantuan ku Jang Maman, Si Bagja mantengkeun bedengan tina mulsa plastik
hideung nu geus dibolongan. Nu ieu mah keur tilu jajareun pepelakan. Geus rengse, tuluy ngasupkeun furadan satengah nepi ka sa gram kana lombang plastik, nu ngagurilap katojo panon poe. Mimiti caang kebon teh.
Kebon teh aya kana 4 hektarna. Ngeblak, matak waas. Kawatesan ku sawah jeung kebon jagong sawarehna. Ari di kebon cosin, sawareh kari metikan, sawareh deui keur diaduk atawa dipupuk. Urang dinya mah nyebutna teh diberak. Sawareh deui keur dipanen. Jadi, patani sayuran teh unggal poe aya wae gawena. Pa Adis mah katempona keur husu nyeboran cosin nu karek ting perentul ku gembor. Ari Ma Ayom sabatur-baturna nu jadi buruh tani, beh dituna keur ngajajar-jajarkeun cosin kana leunjeuran awi nu nangtung nyegi opat. Sedengkeun Jang Maman, rengse mulsaan, terus babantu milu ngala hileud. Sanggeus beubeunangan, boh meunang hileud taneuh, boh orong-orong atawa anjing taneuh, sok terus dibikeun ka barudak awewe. Atuh jerit wae batur-batur ulin saumuranna teh, jejeritan. Tapi aya oge nu wanian, kalah silih baledogan ku hileud. Nu puguh mah arulin bae, maturan kolot-kolotna nu keur buburuh.
Wanci rumangsang, kakara papada istirahat. Ngadon maradang heula. Ari kuli angkut mah, engke cenah geus pecat sawed, kagok colt buntungna can pinuh. Enya, cosin nu geus meunang ngarungan sisina teh dibawana kana colt buntung. Aya nu ka Pasar Induk Gedebage, Caringin, aya oge nu ka pasar-pasar leutik di Ciwidey, Soreang, atawa Majalaya. Cenah aya oge nu keur ka luar kota, utamana ka Cianjur.
“Rame geura cosin mah, da barudak sakola geus mimiti asup!” cek Pa Adis anu meh cetuk huis teh, bari noelkeun asin kana sambel.
“Seueur dianggo baso, nya Pa?” Jang Maman nanya bari ngelapkeun leungeuna, sanggeus kukumbah dina kamalir nu caina herang.
“Enya, apan tukang baso mah loba nu make cosin keur sayurna. Komo tukang mie rebus mah!”
“Maman oge, mun tos ageung bade jadi tukang baso wae. Mang Karim oge, ngajualan Baso di Banjaran mah, ayeuna tos gaduh mobil!”
Pa Adis jeung Ma Ayom ngan bati nembongkeun huntuna nu ngaberes bodas. Ari Si Bagja mah teu ieuh malire. Kalah anteng nempo ngeplakna kebon jeung pasawahan. Poe minggu, atawa mun libur, manehna memang sok babantu kolotna.
“Moal dahar heula kitu si Aa teh, Ma? Kalah huleng jentul!”
“Tos ditawisan tadi oge, Pa! Ke cenah!”
“Si Aa mah hayangeun tumpak kapal, Ma!” Cek Jang Maman, bari ngangkat teko, rek nyicikeun cai kana gelasna. Ngan, Jang Maman pohoeun yen caina rada panas keneh. Manehna ngepeskeun teko, atuh gejret wae teko teh kana piring beling handapeunana. Peupeus we piring teh. Jang Maman ngarenjag. Untungna tekona teu kana sukuna. Ngan kakecretan cai saeutik. Ma Ayom jeung Pa Adis oge ngarenjag, bari alah-euleuh. Si Bagja oge asa kagebahkeun. Gancang muru ka adina. Terus mulungan beling nu mancawura.
Keur kitu, ti kajauhan rentang-rentang aya nu lulumpatan. Horeng Jang Samsu. Teu kungsi lila ge geus nepi. Si Bagja gancang nepungan, sanggeus ngasupkeun beling kana keresek. Pok Jang Samsu cacarita ka Si Bagja siga nu serius pisan. Mani hariweuweus. Aneh deuih, bet tuluy ngagaburug Si Bagja bari eueuriheun. Pon kitu Si Bagja, bet milu ngagukguk.
“Kunaon careurik nya, Ma? Aya nu disemekdon deui kitu?” Jang Maman siga nu bingung.
* * *
Geus saminggu, can puguh raratanana. Dina koran nu babarengan dibaca di kantor desa, atawa dina televisi, sarua. Bejana kitu keneh. Weleh cenah pada helok. Sabab, kapal teh cenah dadak dumadak leungit.
“Teu kasampak dina radar. Aneh deuih, taya jorowokna pilot Adam Air nyebut, Mayday….mayday….mayday, nu mangrupakeun tanda internasional, lamun kapal walurat. Padahal harita kapal ngapungna dina 35.000 kaki. Aya waktu 10 menit, sacan kapal nepi ka handap. Lamun ragrag,” jentre Jang Maman, macakeun berita tina koran.
Si Bagja ngadengekeun bari nangkeup tuur.
“Lain lantaran cuacana goreng. Aya masalah dina alat navigasi jeung radar cuacana. Da mun lancar mah, kapal Boeing 737-400 mah, boga alat hade naker. Bisa apal cuaca goreng jeung hade, sababaraha mil ka hareupna,” Jang Maman nuluykeun bacaanana.
“Dina tivi mah, tadi aya sapatu budak, topi, tas, jeung calana. Aya nu ngaku, cenah sarua jeung pakean incuna, nu naek Adam Air harita, Pa!” cek Ma Ayom, bari nyuguhkeun cikopi ka Pa Adis.
“Ah, Neng Eva jeung indung bapana oge, sigana moal salamet ana kitu, mah!” Pa Adis semu dareuda nyaritana teh. Ret ka Si Bagja, nu keur nambeukeun beuheungna kana palupuh.
“Ah, sugan wae kapendak Neng Eva teh, Pa! Boa salamet tiasa ka pulo. Neng Eva mah da jago ngojay, Pa!” Jang Maman mairan.
“Wallaho alam atuh Jang! Ngan ceuk sare’at mah, rada jauh kana salamet. Kapalna oge meureun ngebeledug. Atawa nyirorot tarik pisan. Terus tilem ka laut. Nya urang mah seja ngadu’a bae. Mun salamet atuh sukur. Mun geus tilar dunya, atuh meureun geus waktuna wae…!” cek Pa Adis.
“Karunya Neng Eva, nya Ma? Asa nembe pisan kamari ti dieu. Maman mah emut bae, da sering diajak numpak Mio-na, Ma!”
Lain kulawarga Jang Maman wungkul nu muragkeun cimata jeung kajempet hate teh. Dalah masyarakat sadesa oge, milu kaleungitan. Milu sararediheun. Cenah tea, kolot neng Eva mah katelah bageur jeung motekar. Boh dina karang taruna, grup voly, maenbal, nepi ka urusan masjid. Atuh Neng Eva oge pada apal. Budak bageur jeung berehan. Jeung ari di kampung mah, beda lembur oge sok pada apal. Jaba rea nu katalian dulur. Loba nu pancakaki teu pati jauh.
Di Lembur Tahu, di imah Aki Ninina, nu padeukut jeung imah kolot Neng Eva, loba jelema nu ngadon nepungan. Dalah peutingna, sok aya tahlilan. Jang Maman jeung Si Bagja, katut Pa Adis, oge sok milu tahlilan. Beurangna Yasinan di tajug. Da sanajan can aya beja nu eces, dimana-dimanana Neng Eva kadua kolotna, mun memang perlaya oge geus diikhlaskeun. Cek sareatna, memang asa moal salamet, cenah. Tepi ka harita, nu nareangan bangke kapal ti Basarnas, ngan karak manggih potongan-potongan kapal nu laleutik. Aya jok, aya meja leutik, aya kikiping jangjangna wungkul, jeung bubuk leutik beusi kapal. Dipastikeun eta kabehna mangrupa barang nu aya dina kapal Adam Air.
“Urang mah memang kudu siap, mun aya karerepet naon bae oge. Takdir mah saha nu nyaho atuda. Apan Pa Kades jeung Bu Kades oge, teu nyaho imahna bakal kahuruan!” cek Ustad Deni, basa ngobrol jeung Pa Adis, balik tahlilan di imahna Nini Neng Eva.
“Asa kaemutan, Pa Ustad!”
“Naon tea, Pa Adis?”
“Eta, kahuruan di bumi Pa Kades tea, tos kapendak tina naon tina naona?”
“Oh eta! Ari numutkeun katerangan pulisi desa mah, saurna memang ngahaja aya anu ngaduruk!”
“Beu! Ku Den Kopeng tea kitu?”
“Leres. Den Kopeng oge da ditarosan. Sareng aya sababaraha saksi, nu ninggali Den Kopeng nyandak lamak hurung na tungtung suluh. Teras dibaledogkeun ka Si Nero. Nepi ka kadurukna. Si Nero teras lumpat ka lebet bumi Pa Kades, da diudag-udag wae ku Den Kopeng!”
“Si Nero diduruk ku Den Kopeng?” Si Bagja kerung bari nempo ka Ustad Deni.
“Enya, Ja!”
“Naha Si Nero bet kaduruk?” Jang Maman milu nanya.
“Cenah mah, samemehna Si Nero teh dibanjur ku minyak tanah. Jadi barang ditenggor ku lamak nu aya seuneuan, langsung bae hurung. Si Nero kaduruk!”
“Aya telenges nya Den Kopeng mah!” Jang Maman gogodeg.
“Asa emut kana dongeng nu ngaduruk beurit, Pa! Eta oge sami. Beurit nu diduruk teh, lumpat ka bumi deui, janten wae kahuruan!” Si Bagja oge milu gogodeg.
“Muhun da sato oge atuh mahluk Pangeran. Ari diduruk hirup-hirup mah sok aya matakna kanu ngadurukna oge!” Ustad Deni ngalengkah lalaunan.
“Tos lami eta wartos teh? Da Bapa Ma karak terang!”
“Puguh abdi oge nembe kamari. Eta oge pedah disaur ku Pa Kapolsek. Saksina Pa Camat. Kumaha cenah saena. Ari abdi mah ngusulkeun Den Kopeng ditebihkeun ti lembur!”
“Muhun sae kitu, Pa Ustad!” Bagja mairan.
“Moal dipenjara kitu?”
“Da jalmi teu emut atuh, Pa Adis! Saur abdi teh, ka Rumah Sakit Jiwa-keun wae!”
“Pa Kades satujueun?”
“Henteu puguh. Keun cenah bade diubaran ku nyalira bae!”
“Ah Pa Kades mah! Sakitu budak nyilakakeun bae teh!” Jang Maman protes.
“Lah, kumaha atuh?” Pa Adis kerung. Bingung.
“Pami aya di dieu keneh mah, paur, Pa!” Si Bagja oge milu bingung.
“Enya, basa eta oge sok nyegatan Neng Eva!” Jang Maman katempo keuheul.
Geus laju ka peuting.
Taya bulan.
Taya bentang. Angin leutik ngahiliwir nyiwit wanci. Ti Kajauhan, aya koreak meulah sora peuting. Tarik pisan. Matak muringkak bulu punduk.
* * *
Jeleger!
Jeleger!
Beledag, sora bedil, ngetirkeun pangacian Jang Maman. Ku kaget-kagetna, jantungna tagiwur, atuh teu burung tisoledat tina dahan jambu batu. Gejebur tina tempat eundeuk-eundeukanana. Brus ka balong bogana kulawarga Jang Samsu. Untung teu ninggang Si Bagja jeung Si Tohir nu keur lalangakarakan dina ban jero. Silanglang. Tadi oge kagareuwahkeun sora bedil, ngan maranehna mah tenang. Kitu deui Jang Samsu nu keur nyirib sisi balong.
Batur-baturna Jang Maman; Si Oyon, Si Kamri, Si Iki, Si Omed, Si Mahmud, Nyi Saodah, Nyi Inah, jeung Nyi Popon, kalah ager-ageran. Nyeungseurikeun nu tigujubar. Si Bagja mah gancang muru ka adina nu lamokot ku leutak, terus mawa Jang Maman ka sisi balong.
“Bedil saha eta teh, barudak?” Jang Samsu kaciri ambek.
“Mang Jana! Tuh geuning kadieukeun!” barudak meh raeng.
“Aya naon barudak?” Mang Jana nu nyoren bedil jeung mawa bangke bajing, leumpang semu ngagidig sisi balong. Di tukangeunana rageg anjing aya kana tiluna, jeung sababaraha urang nu nyoren bedog.
“Mani ngareuwaskeun atuh euy!” Si Bagja katempo ambek.
“Ihhh…ngarana oge keur moro! Moal marilu ieu teh?”
“Moal ah! Sanggeuk kami mah!” Si Tohir milu mairan, bari nyisikeun ban jero mobil nu tadi dipake silanglang. Rombongan Mang Jana terus wae muru ka lebah rungkun, nu brasna ka kebon awi, terus nyambung ka leuweungkeun.
“ Jeung Pa Kades kitu morona?” Si Bagja ngelapan buuk Jang Maman.
“Enya! Rebun-rebun keneh, ku kami katempo tadi geus ti heula!”
“Si Kopeng milu?”
“Tangtu wae atuh! Sarua resep moro jeung bapana!”
* * *
Wanci tunggang gunung, di gigireun kandang domba imah Jang Samsu, Si Tohir nunda tolombong eusi jukut. Terus leumpang ka pipir imah, bras ka saung gigireun sawah. Jang Maman, Si Bagja jeung Jang Samsu keur cacamuilan murak beuleum lauk. Si Tohir ngucurkeu cai tina cangkir, ngumbah leungeuna.
“Sok ah! Tah cucukna loba keneh!” Jang Samsu ngeserkeun diukna. Si Tohir jebi. Tuluy sila gigireun Jang Maman.
“Ke lanan, urang foto deui euy!” Jang samsu ngaluarkeun handphone-na. Terus ngintipan liang HP-na. Kitu geuning ayeuna mah, bisa motret oge dina telepon keupeul teh. Engke mah, jigana, telepon oge bisa dipake ngistrika baju.
“A! Aa Samsu, pami foto waktos anu di bandara, aya keneh?”
“Aya! Moal dihapus atuh! Tuh tempo, Man!”
“Alah…enya, nya! Aya wararaas. Tuh Neng Eva keur seuri jeung Nyi Imas!” Jang Maman neges-neges foto dina layar HP Jang Samsu. Si Tohir oge milu nempoan.
“Neng Eva teh, keur kumaha atuh ayeuna, nya?” Jang Maman jol nanya deui.
“Duka atuh, Man! Boa geus didahar paus atawa lauk hiu!” Si Tohir ngajawab sakeunana. Si Bagja ngadadak ongkek. Kabuhulan.
Wanci sariak layung, ti kajauhan aya sora rame naker. Sora kohkol ditakol tarik pisan. Patarema deuih. Jalma-jalma silih tanya, bari pada-pada kaluar, muru sora kohkol nu terus nitir. Si Bagja jeung batur-baturna, katut Jang Maman, oge gagancangan muru ka tempat nu mimiti rame ku jelema sakampung. Silih tanya, galecok teu puguh. Teu kungsi lila, aya nu ngiberan, cenah nu moro jeung Pa Kades loba nu tatu alatan aya bagong badag ngamuk teu katahan.
“Bitis jeung pingping Pa Kades oge dewang. Anu karunya mah Mang Jana, leungeunna ampir potong!” cek nu ngiberan, bari manehna oge katempo langlayeuseun, jeung bajuna pinuh ku getih.
“Ari Den Kopeng oge milu lain? Si Eta kumaha?”
“Komo deui Den Kopeng mah, tatuna oge loba pisan! Sigana moal katulungan mun nempo sareatna, Mah!”
“Ari bagongna beunang?”
“Beunang! Tapi langsung diduruk sisi leuweung!” cek baturna nu ngiberan tadi. Mani haroshos keneh. Sarerea ngan bati ngurut dada. Jang Maman mah colohok wae, semu nu bingung. Si Bagja, Si Tohir jeung Jang Samsu ngan silih pelong.
Wanci sareupna, Si Bagja jeung Jang Maman mulang ka imahna. Teu pati galecok. Teu loba cacarita deui.***(Rengse)
Komentar
1 Komentar kana seratan “Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 3 - Réngsé”
Ngintunkeun Komentar
aduuh sae pisan crtna ….