Nganjang ka Holisoh MÉ
Holisoh ME beunang disebut pangarang produktif. Teu béda jeung Ahmad Bakri atawa Aam Amilia. Ratusan carponna sumebar dina média massa Sunda; Hanjuang, Gondéwa, Manglé, Galura, Suara Daérah, Giwangkara, Kudjang, jeung nu séjénna. Novélna nu anyar medal, Kembang-Kembang Petingan, nyaritakeun kahirupan awéwé bangor. Kumaha prosés kréatipna dina kurang-karang?
Ditepungan di imahna, Komplék Griya Jatinangor I Tanjungsari-Sumedang, Holisoh MÉ keur riweuh nyieun kuéh. Méméh lebaran basa nganjang téh, pabuburit.“Geus lila Tétéh mah teu ngarang, mesin tikna ngadat. Tapi da ayeuna mah geus meuli nu anyar!” pokna, bari némbongkeun mesin tik sadua-dua. “Tah, basa nyieun Kembang-Kembang Petingan mah dina mesin tik nu ieu, nu aksarana henteu ukur katénjo sapotong. Kudu diberesihan sigana mah!”
Holisoh MÉ, lahir di Cileunyi, 25 Désémber 1952. Tapi ari mimiti ngarang mah dina taun 1970-an, sabada tamat SPG. Basa keur masih kénéh jadi guru di SD Cileunyi, sok milu ruang-riung jeung pangarang wanoja séjénna; Aam Amilia, Ningrum Julaéha, Tini Kartini, Tétty Suharti jeung nu séjénna.
“Resep harita mah, pangarang Sunda téh mindeng ngariung. Atuh média massa pikeun ngamuat karangan ogé kawilang réa, henteu kawas ayeuna!” pokna. Tina ruang-riung téh, Holisoh bari metikan élmu ngarang ti pangarang-pangarang anu geus senior. Ti harita carponna mimiti murudul. Malah sapoé téh, kadangkala bisa nyieun tilu judul.
Najan carpon anu dikarangna geus ratusan judul, tapi rumasa cénah henteu pati titén kana dokuméntasi. Nepi ka sakapeung mah sok paroho deui carpon naon baé anu geus dijieun téh. Nu puguh mah, méh saban média massa dieusian, boh ku carita pondok, boh ku carita nyambung. Ayeuna ogé, sajaba ti di Manglé téh, sok ngeusian Suara Cangkurileung, Suara Daérah jeung Giwangkara.
“Basa narima surat ti Kang Ajip, méré daptaran carpon anu kungsi dimuat dina Manglé jeung Hanjuang jeung Gondewa, Tétéh tibang gogodeg. Geuning apal kénéh Kang Ajip, Teteh mah geus teu aringet judulna oge!” ceuk pangarang nu kungsi nulis roman Katineung téh.
Carpon-carpon Holisoh ME, lolobana mah nyaritakeun kahirupan jelema leutik di pilemburan. Kabéhdieunakeun, loba carponna anu nyaritakeun dunya atikan; guru jeung murid-muridna, atawa kaayaan di sakola. Palebah nyaritakeun pilemburan, Holisoh sok ngahaja ngaprak heula lembur, nyatet-nyatetkeun naon anu katembong, kaasup pagawéan urang lembur. Balikna terus dijieun carpon. Komo apan, Holisoh teh kungsi jadi wartawan, tangtu baé boga kasempetan pikeun nengetan hal-hal anu bisa dijieun carpon.
Lantaran anu ditengetanana kahirupan sapopoé, atuh carpon-carponna ogé réalistis. Gaya réalistis, pikeun Holisoh, méré lolongkrang pikeun ngoréhan hal-hal leutik dina kahirupan. Nepi ka anu dicaritakeun téh karasa enyana.
Ceuk Holisoh, lantaran carpon saukur nyutatan potrét-potrét kahirupan, teu kurang-kurang anu ngajejeléh ogé. Tapi henteu nepi ka ngahalangan produktifitasna. Ngarang mah ngarang wé cénah, da batur ieuh anu baris ngajénna mah, cék alusna cék goréngna.
“Nu penting Tétéh geus nepi kereteg haté kana carpon, palebah disebut nyastra henteu mah, teu langkung anu ngajén,” pokna.
Mun keur gereget hayang ngarang, najan sakumaha riweuhna ogé, sok nyempetkeun baé. Asa boga bangbaluh cénah, mun aya ideu anu can ditulis téh. Sakapeung, ngarangna téh sok diselang ku masak, bari nungguan sangu asak, térékték deui ngetik.
“Ngan rumasa Tétéh mah, mun geus jadi téh arang dibebenah deui. Hésé ngeditna dina mesin tik mah. Ari rék ngetik deui horéam, mending kénéh nyieun deui wé nu anyar. Éta wé, cék Kang Duduh (redaktur Manglé), carpon Tétéh mah tara rapih ngetikna. Malah kungsi pahili cénah, lambaran carpon nu hiji, kalahka milu ka nu hiji deui. Atawa kerok nganomeran naskah, ti kaca hiji ngagaclok ka kaca tilu!” pokna bari nyeukeukeuk.
Ari roman Kembang-Kembang Petingan mah, nu ayeuna dipedalkeun ku PT Kiblat Buku Utama, kailhaman ku diduruk tempat prostitusi. Bet terus hayang dijieun carita, da saméméhna ogé geus aya ancer-ancer rék nyieun carita awéwé bangor téh. Ngumpulkeun bahanna oge kawilang lila, ti keur jaman jadi wartawan kénéh, welasan taun katukang.
“Aya obsérvasi heula atuh, lain saukur ngalamun. Sanggeus réngsé, dikirimkeun kana Pasanggiri Ngarang Novél Paguyuban Pasundan, tapi henteu kaajén. Terus dimuat dina Manglé. Alhamdulillah … loba nu ngiritik. Teu pantes cénah, carita awéwé bangor dimuat dina Manglé. Aya nu nulis dina koropak, aya ogé anu nyuratan ka imah, malah anu pok langsung ogé teu kurang-kurang!”
Tapi, cék Holisoh, aya ogé resepeun. Kungsi aya mahasiswi anu nganjang, cénah kataji ku éta roman. Teu nyangka deuih, da geuning éta roman ogé meunang pangajén ti LBSS, nepi ka jadi Pinunjul I Hadiah Sastra LBSS 1999.
Holisoh MÉ ayeuna matuh di Tanjungsari. Pagawéan matuhna, jadi Kepala Sakola di SDN Cileunyi 5. Sawatara karanganana kungsi dibahas ku Hadi AKS, pinunjul I Saémbara Ngaran Kritik Sastra 2001. Najan geus boga budak opat, nu hiji mah geus kurenan, tapi resep kénéh ngasruk ka pilemburan. Néangan bahan keur … carpon! [Dadan Sutisna]
Komentar
2 Komentar kana seratan “Nganjang ka Holisoh MÉ”
Ngintunkeun Komentar
Kedah kitu teh, sasama pangarang sili anjangan. Kantos sim kuring ku Ki lanceuk diajak nganjang ka bumina pa haji usep romli hm di cibiuk. Resep pisan. Sajabi ti disuguhan sambel cibiuk,liwet haneut, beuleum peda jsb. disuguhan wangkongan nu marunel. Saur pa haji, alhamdulillah cenah serig kaanjangan ku sasama pangarang. Kantos ngarariung para seniman ti garut, sareng ti bandung hawe setiawan, soni farid, ahda imran, etty rs, elin, malih godi suwarna ge aya. Cikeneh karno kartadibrata sareng ida rukmana ngendong. Enjingna bari ngariung sambel, katambihan ku darpan tigarut. Kabita, sanaos sanes pangarang ge tapi da resep silaturahmi sareng resep macaan karya-karya basa sunda.
nepang keun pribados urang cirebon kuring kataji ku komentar saderek anu sae. Bade tumaros dupi saderek teh saha? Pribados hoyong tiasa diajar ngadamel carpon kumaha cara-carana . Rumaos jalmi anu awam dina widang sastra. punten diwalernya ayeuna pisan