Akub Sumarna: Méh Satengah Abad Ngarang Basa Sunda
PAMATUHAN Akub perenahna di Kampung Andir, Desa Gudang Kahuripan, Lémbang. Di sisi jalan gedé, aya gang heureut, pungkal-péngkol mangrupa labirin. Lebah tanjakan, di sisi jalan liliwatan pisan, matuhna téh. Imah nomer 81, nu dina témbokna aya réklame nu nétélakeun yén nu matuh di dinya muka usaha sablon.
Basa ditepungan, Minggu pasosoré, 14 April 2002, Akub keur lalajo Pérsib dina tivi 21 inci. Luhureun sofa, aya piagem naplok na témbok, ti pamedal Geger Sunten taun 1996, minangka pangajén kana produktivitas nu boga imah dina widang kurung-karang. (Saenyana mah aya hiji deui piagemna téh, ti Departemen P dan K taun 1995. Ngan nu éta mah teuing nyelap di mana.) Lian ti éta mah, méh teu aya papaés naon-naon deui di éta rohangan téh.
Akub téh kaasup pangarang Sunda nu produktif, ti mimiti taun 1950-an tug nepi ka kiwari. Ari nu sok dikarangna réa rupana, boh puisi boh prosa, babakuna carita bacaeun barudak. Carponna baé geus leuwih ti saratus judul, tacan welasan éséy. Kitu deui buku karanganana geus aya welasna (ilikan tabél).
Dina Ensiklopedi Sunda (2000) data ngeunaan Akub teu kaasupkeun. Ari dina Biografi dan Karya Sastrawan Sunda Masa 1945-1965, minangka laporan panalungtikan Fakultas Keguruan dan Seni IKIP (1978/1979)—anu tacan diterbitkeun— mah aya. Sawatara karangan Akub boh puisi boh prosa di dinya aya daptarna.
Akub Sumarna lahir di Cihideung, Lémbang, 9 Januari 1941. Sabada lulus ti Sakola Rayat (SR) Ciaruteun, taun 1950-an, neruskeun ka Sakola Guru Bantu (SGB) Negeri V Bandung nepi ka tamat taun 1958. Terus miluan Kursus Pendidikan Guru (KPG) anu sok disebut Sekolah Pendidikan Guru (SPG) Persamaan téa, lulus taun 1967.
Kawantu lulusan sakola guru, nya pacabakan sapopéna tangtu baé nerektek. Mimitina manéhna ngajar di SD Ciaruteun Udik, Leuwiliang, Bogor, ti taun 1958 nepi ka 1962. Taun 1962 ngajar di SD Cibogo III Lembang. Kabéhdieunakeun Akub jadi Kapala SD Merdéka jeung SD Cikahuripan, Lémbang, saméméh pangsiun taun 1996.
Ari kurung-karang mah taya pangsiunna. Nepi ka kiwari teu weléh ngadorokdok ngeutikan carpon. Malahan ayeuna keur ngadekul nyusun antologi carpon. Geus aya limalas judul mah nu geus réngsé téh, cenah.
Resep ngarang ti bubudak manéhna mah. Basa karék kelas lima SR geus nyoba-nyoba nganggit pupuh. Nincak ka SGB sok midangkeun sajak dina majalah dingding, ogé ngumumkeun karanganana dina rohangan “Kujang Putra” mingguan Kujang nu harita diasuh ku Karman Canagara jeung Hidayat Suryalaga, jeung “Gandapuspita” koran Sipatahoenan. Beunang disebut saentragan jeung Dedi Windyagiri katut Hana Rohana dina kurung-karang mah manéhna téh.
“Akang mah kapan miangna tina pendidikan. Hayang ngatik ngadidik barudak ku jalan ngadongéng. Nu jadi doronganana teu aya sanés iwal ti asih jeung nyaah kana basa jeung sastra Sunda. Lebar kana tradisi lisan, sangkan teu ilang ku mangsa,” cenah gé.
Basa di Bandung diayakeun Konférénsi Internasional Budaya Sunda (KIBS) I, ti 22 nepi 25 Agustus 2001, manéhna datang ka Gedong Merdéka sok sanajan teu kaondang tur teu kaduga meuli ondanganana. Harita téh istrina, Aisyah, keur gering ripuh alatan kasakit darah tinggi. Teu lila sabada KIBS, dina 31 Agustus 2001, Bu Aisyah pupus dina yuswa 51 taun, ninggalkeun Pa carogé katut genep anak jeung tilu incu.
Mémang, karangan-karangan Akub Sumarna asana teu bisa disebut nenggang. Malah ceuk sakaol mah, mun taya kontribusi nu gedé ti éditor, karangan-karanganana téh teu pati alus. Tapi papadaning kitu, karancagé Akub Sumarna dina kurung-karang salila leuwih ti satengah abad geus jadi conto nu mandiri tina sikep anu satia sarta rasa cinta ka basa jeung sastra Sunda.[](hws)
Buku Sunda Bacaeun Barudak karangan Akub Sumarna
- Sasakala Maribaya, Taraté, Bandung, 1980
- Si Leungli, Taraté, Bandung , 1981
- Arulin di Pilemburan, Taraté, Bandung, 1984
- Warna-warna Kaulinan, Taraté, Bandung, 1985
- Putri Bungur,Rahmat Cijulang, Bandung, 1986
- Ngarempak Wasiat, Paramartha, Bandung, 1987
- Budak jadi Manuk, Taraté, Bandung, 1987
- Budak Tawekal, Rahmat Cijulang, Bandung, 1991
- Tulung Tinulungan,Geger Sunten, Bandung, 1994
- Dongéng-dongéng Pieunteungeun sareng Picontoeun, Sriayu, Bandung, 2000
- Tajug Leutik di Pasisian, Sriayu, Bandung, 2000
Komentar
2 Komentar kana seratan “Akub Sumarna: Méh Satengah Abad Ngarang Basa Sunda”
Ngintunkeun Komentar
Website ieu kapendak sawasktos disearch di google nganggo keyword “sastra sunda”. Sae pisan ppss teh kanggo ngalestarikeun budaya urang, bahasa sunda salah sahiji harta nu kedah dilestarikeun.
Pak Akub Sumarna salah sahiji sastrawan sunda anu pantes jadi picontoen urang sadaya. Salian ti Pak Akub, waktos alit, abdi sering ngadangukeun dongeng sunda ti radio, moal hilap abdimah kana kahebatan Mang Jaya sareng Wa Kepoh dina nyuarakeun jalmi anu geulis, kasep, aki-akai, jst, kumaha kabar aranjeuna nya?.
Insya Allah, dinten Minggu bade pidato nganggo bahasa sunda, aya webiste nu khusus tentang pidato bahasa sunda teu nya?..
hatur nuhun, punten bahasa sunda abdi masih seueur anu kedah dilereskeun.
ass.punten kang,abdi bade menta tulung,ari pidato basa sunda teh nu kos kumaha,abdi mah teu terang,tulungan atuh kang,abdi mah nu teu tiasa teh kalimat pembukana teh nu kos kumaha? diantos walerannana,hatur nuhun kang,wss.