Kontak
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda
Jl. Taman Kliningan II No. 5 Bandung
Telp./Faks (022) 7310625
Kontak Personal: 081 320 608 670 (Dadan Sutisna)
Email: pangarangsunda@yahoo.com, info@ppss.or.id
Website: http://www.ppss.or.id
Komentar
26 Komentar kana seratan “Kontak”
Ngintunkeun Komentar
Ass. Wr.Wb
Sampurasun nun,
kuring teh salasaurang anu banget mikacinta kana kawh sunda, khususna kawih ti Ganda Mekar/ Mang Koko. Karesep ieu teh ti keur ngora keneh. Kitu tah ti taun genepuluhan.
Mun Jumaah sore teh, tabuh satengan lima geus mendeko deukeut radio transistor nyetel RRI Bandung bari sadia patlot jeung keretasna, bisi aya lagu anyar Ganda Mekar.
Ari asli mah kuring teh ti Cimahi, ngumbara ka Bogor ti taun 1968 tug nepi ka ayeuna.
Unggal kaluar kaset Ganda Mekar tara kaliwat meuli. Kaset pangheubeulna anu jadi koleksi Kuring teh nyaeta : Tukang Baso Tahu terbitan Lokananta nu dibeuli 3 Oktober 1973 !
Tepi ka ayeuna kuring karek hasik ngumpulkeun 110 lagu dina wangun CD MP3.
Loba keneh pisan nu can kapimilik. Upamana bae lagu KARETA API ( mapay erel jalan anu tangtu…..jsb)
Sing saha bae anu gaduh keneh kaset-kaset asli Ganda Mekar anu kuring can boga, Kuring meredih nambut saminggu bae mah. Engke diwangsulkeun deui sakalian jeung CD MP3na nu 110 lagu ditambah ku lagu nu tina kaset tea.
Sebatkeun bae Judul Kasetna.
Nuhun sateuacanna.
Wass. Wr.Wb.
Uskar Sumarna
Kd. Halang , Bogor
HP: 08 11 13 15 65
Hapunten, sim kuring salah sawios guru basa Sunda di Kota Sukabumi. Ku ayana blog PP-SS estuning nambihan luang pikeun sim kuring ngajembarkeun basa Sunda dina pangajaran. Mung sim kuring gaduh pameredih. Upami tiasa mah PP-SS tiasa nerbitkeun majalahna, haturnuhun.
Assalamualaikum wr.wb
Tepangkeun name abdi Antick (tidituna mah ceunah saur pun bapa diseratnya cantiek puguh ejaan baheula, ngan petugas kalurahan lepat macana, sabab bapa nyeratnya nganggo huruf sambung, huruf “c”-na nguriwel teuing disangkina hiasan, ari huruf “e” disangkina huruf “c” nya kitu dugi ka ayeuna naminya jadi antick.. tapi atos ah tong papanjangan)
Abdi asli urang Garut, damel di Jakarta, dumuk di Serpong.
Bade nyungkeun tulung, sugan terang dimana abdi tiasa diajar kasenian sunda di Jakarta (kacapi/suling/angklung)?
Puguh waditrana ge teu acan gaduh, saurna tiasa digaleuh di Bandung nanging teteurang dimana-manana? Manawi terang?
Alhamdulillah abdi kapeto ti kantor angkat ka ostrali kanggo diajar, nanging alim polos, hoyong ngenalkeun kabudayaan sunda.
Diantos pisan balesana
Antick Rani Handayani Rahman
HP: 0812-9770650
Ass. sampurasun
salam sono, salam wanoh…
nepangkeun, simkuring salah sawios anu nuju diajar seseratan nyunda,…nyuhunkeun bantosan sinareng bimbingannana kanggo ngembangkeun sanggar anu kusimkuring diwangun. sanggar ieu ka telahna sanggar Wiwitan (sanggar sastra sunda ciputat_jakarta/tangerang_UIN Jakarta). kumargi kitu, simkuring nyuhunkeun sagala rupi perhatosan anu aya patula-talina sareng sastra sunda, etamah bade artikel atanapi kabahasaan atanapi karya karya anu tiasa dibahas kusimkuring saparakanca didieu…
hatur nuhun…
salam,
Leres sakumaha kasauran Pa Barnas, langkung sae PP-SS ngagaduhan majalah, kanggo ngeuyeuban bacaeun urang Sunda.
Sareng bade tumaros, dupi naskah drama tea, cios diterbitkeun? Hatur nuhun ah. Salamna ka sadaya warga PP-SS.
sim kuring mah moal komentar salam sono ka bapa h usep romli margi kapungkur sakampung meni waraas ,alamat via chiari n 5 milano italia
nepangkeun… sim kuring teh urang Bogor pituin anu palay diajar ngadamel tulisan basa sunda. sim kuring nyungkeun bantosanana. sim kuring bungah ku ayana blog ieu teh
Sampurasun Ki Sunda dimana wae ayana
Sim Kuring Pituin urang Purwakarta/ hoyong ngiringan nyerat di Gerentes Hate/ mung sim Kuring teh tacan terang kumaha carana//Punten kanu unginga/ diantos pisan ku sim kuring//
Hatur Nuhun//Abah Emon Purwakarta
100 tahun Kebangkitan Nasional, 10 tahun Reformasi
Dalam rangka memperingati peristiwa 100 tahun Kebangkitan Nasional dan 10 tahun Reformasi, kami akan segera memanggungkan Sandekala. Teater ini akan berbicara mengenai kondisi sosial yang terjadi dalam kehidupan sehari-hari di Indonesia. Kehidupan di mana kita dijejali dengan banyak fakta yang memuakkan, suatu kondisi sosial yang sudah berbahaya bagi kehidupan berbangsa dan bernegara. Korupsi masih merajalela dari atas hingga kampung, perusakan lingkungan di mana-mana bahkan yang namanya hutan lindung pun disewakan, pelanggaran HAM terjadi dari mulai saat penyusunan kertas kebijakan hingga di pasar-pasar. Setiap hari kita disuguhi berita yang hampir sama baik di koran, televisi maupun radio.
Dalam “dunia nyata” ini kami akan memberikan gambaran bagaimana spiritualitas budaya lokal sudah berbicara jauh-jauh hari mengingatkan kemungkinan yang akan terjadi dalam “kenyataan” ini. Sandekala bukan hanya sebuah teater biasa, namun memuat kearifan lokal yang sering kali dipinggirkan demi kepentingan kelompok tertentu. Kami mencoba mengingatkan kembali bahwa kearifan lokal itu sudah berteriak lama sekali menunggu waktu untuk mewujud lepas dari pasungan.
Sebagai bentuk kampanye, pementasan teater Sandekala juga akan diiringi dengan diskusi publik untuk memperkuat gagasan yang ada. Diskusi publik akan memperbicangkan bagaimana sikap masyarakat sipil, khususnya seniman melihat konteks sosial yang ada. Konteks budaya lokal, khususnya Sunda, akan memperlihatkan bagaimana relevansi gerakan masyarakat sipil dalam menghadapi konteks sosial yang “tidak dicita-citakan”. Untuk persiapan kami akan mengajak beberapa seniman atau budayawan untuk ikut terlibat dalam diskusi ini, selain itu juga tentunya para aktivis yang berkecimpung dalam tema-tema yang dibicarakan.
Diskusi akan dilakukan pada tanggal 22 Mei 2008 di Gedung Indonesia Menggugat, Bandung. Diskusi ini merupakan diskusi terbuka dan kami mengundang siapa pun yang tertarik untuk ikut berdiskusi. Sedangkan pementasan dalam bahasa Sunda sendiri akan dimulai pada tanggal 22 hingga 24 Mei 2008 bertempat di Gedung Rumentang Siang.
Untuk diskusi publik dan pementasan di Jakarta, kami akan segera memberikan informasi kepastian waktu dan tempat.
Sim kuring kataji pisan masih aya keneh geuning urang Sunda teh nu ngarasa reueus ku Ka-Sundaan nu laun-laun siga arek suda. Teruskeun…bajoangna.
Ngan asa teu mendak nami Ahmad Bakri dina memoriam pangarang Sunda..padahal inyana teh salahsahiji pangarang Sunda nu lain jeung nu lian..pangarang gede. Hatur nuhun.
Assalualikum..
Ku asa bingah ningali nonoman nu mikacinta kana kasundaan..
Sim kuring di bekasi oge hoyong ngagaduhan paguyuban kasundaan.
Kanggo informasi ka kisunda sadaya, di bekasi tos aya kesenian sunda gentra budaya.
Sok bilih aya patali silaturahmi ngenaan kasenian wadita sunda tiasa ngajajap tumaros ka pribados di nomor 085692747408.
Assalualikum…
Haturan kangge sesepuh2 atanapi inohong2 Sunda.
Asa isin puguh oge abdi salaku generasi muda ti Sunda kirang ngaropea ka budaya abdi sorangan, asa janten jalmi nu pahatulalis dina budaya sorangan… sanaos kitu abdi tetep micinta kana budaya Sunda…
Rupina mung sakitu hapunten… bilih aya langkung saur panjang basa, anu katincak manah, kalengkahan janten amarah, sarebu laku salaksa lampah, tumbu laku kaukur ku umur, boga diri nu sakiwari, jembarna hate estu nu di seja…
Wasalam
Assalamualaikum wr. wb.
punten ah ralat…
wilujeng tepang di awang-awang. mugia nambihan sobat dina kasundaan tur nepakeun bibit tutulisan.
sonona
ruh
Sampurasun.
Hapunten,bahasa Sunda Aki, kirang sae, maklum ti yuswa 17 tahun jalan parantos ngantunkeun tatar Sunda. Ngumbara dan janten tentara Laut, ALRI baheula mah.Kaleresan pun bojo urang Cirebon tapi turunan Cimahi, janten nyarios dilingkungan kaluarga sadidinten bahasa Sunda, namung nya kitu bahasa Sunda lieur, parantos teu orisinil deui, tapi tetep micinta Sunda. Aki pangsiun netep di Cirebon Coret, disisi kota lebet Kabupaten Cirebon di Kedawung. Aki teh ngarasa bingung jeung prihatin kusabab aya beja urang Sunda teh rek di ubrak abrik rek di kotak kotak ku ayana wacana Provinsi Cirebon. Hartosna Ki Sunda anu aya di Majalengka jeung Kuningan rek disered ti Tatar Sunda Jawa Barat. Sok bae lah Provinsi Cirebon ngadeg tapi ulah mawa mawa Majalengka jeung Kuningan (Prov. Cirebon tanpa Majalengka jeung Kuningan). Nya kitu politisi teh ngaruksak tatanan. Komo deui awalna ku gegedug Indramayu nu nyeri hate teu kabagian korsi di Jawa Barat waktu Pilkada Gubernur sareng Wakil Gubernur Jawa Barat.
Komo deui Aki teh nyeri hate ku para gegedug anu ngaku2 tokoh Cirebon nyebutkeun teh Jawa Barat acan pernah dipimpin ku urang Cirebon. Kapan ari almarhum Bapak Yogi SM teh Gubernur Jawa Barat dua periode urang Majalengka. Naha dina uwar2na wacana Provinsi Cirebon, Majalengka jeung Kuningan ditarik tarik sina milu ka Prov. Cirebon. Kapan tadina henteu mengakui alm Bapak Yogi SM sebagai tokoh Cirebon ??? Da nyebatkeun Prov. Jabar can pernah dipimpin ku urang Cirebon, hartina eta gegedug nu ngomong teu mengakui pak Yogi SM sebagai tokoh Cirebon padahal beliau urang Majalengka.Haaar ari ayeuna Majalengka ditarik tarik kudu milu Prov.Cirebon, rek dianggap jajahan meureun engkena.
Cing atuh Ki Sunda ulah daek di obrak abrik Tatar Sunda jeung Ki Sunda na. Hapunten ieu aki emosi atuh da bongan dimulaian ku politisi anu parantos ngalakukeun SARA, naha teu nyeri hati spanduk bahasa Sunda di robek2 ku demonstran di Indramayu?!
Kahayang aki pek bae Cirebon Jadi Provinsi, tapi Majalengka jeung Kuningan ulah incah ti Jawa Barat. Hapunten.Aki ti Kedawung Cirebon.
Sampurasun.
Nepangkeun, jisim abdi putera Sukapura (tasik).
Ayeuna nuju damel di Jakarta, janten sales toyota di Auto2000. Bilih aya dulur baraya anu priyogi mobil atanapi bade ngangentosan mobil, ku abdi bade dibantosan. Anu bade teurang info sareng naon rupi-rupi toyota mangka tiasa ngabel abdi di 021 918 234 28 / 081 321 735 735. Hatur nuhun.
Ass. sampurasun
Salm Kenal,
Kunjungi Juga Website Kami untuk berbagi
http://www.lidahwali.com
Wasalam
assalamualaikum,
sampurasun.. nepangkeun sim kuring Prayoga ti SMAN 1 Purwakarta.
Sanaos sim kuring masih SMA, tapi kana kasundaan mah resep ti alit keneh. Ku kituna sim kuring umajak ka dulur - dulur nonoman Sunda sadayana, hayu urang tanjeurkeun deui ajen ki Sunda.
mugia Ki Sunda tetep digjaya salawasna
Hatur nuhun
KOMENTAR kana seratan biografi pangarang sunda: “Surachman R.M.”
Jakarta, 24 Agustus 2008
1. “Radea” teh sanes nami asli, mung dina seratan (pen name) wungkul. Panjangna “R” anu saleresna aya dina entri “Surachman” Ensiklopedia Indonesia (Penerbit Ichtiar Baru. Jakarta).
2. Leres sok ngagunakeun sandiasma “Radea”, sanes “Raden Radin”.
3. Henteu kantos janten jaksa di Ciamis, nanging di Kabupaten Bandung (Cimahi).
4. Taun 1997 diangkat janten Ahli Peneliti Utama (APU) di Kejaksaan Agung. Di luar negeri mah katelahna: “RM Surachman, APU Research Professor” atanapi “Prof. eqv. RM Surachman”.
5. Keanggotaan Internasional, di antawisna janten anggota individual (hartosna: sanes anggota pangurus) Peguyuban Professor Hukum Sadunya (World Association of Law Professors, Amerika Serikat) sareng anggota individual Paguyuban Ombudsman Internasional (International Ombudsman Institute, pusatna ayeuna masih di Kanada, kapayun dialihkeun ka Eropa).
6. Ngantunkeun Kejaksaan ngawitan taun 2001. Satahun samemehna (2000) diangkat sareng dilantik ku Presiden RI janten salah sawios Komisioner (Anggota Komisi) Ombudsman Nasional. Dugi ka ayeuna masih keneh nyangking posisi eta. [Komisi Ombudsman Nasional diadegkeun dina ping 20 Maret 2000. Waktos eta Komisionerna aya 8 urang di antawisna: Bpk Antonius Sujata (Ketua ngarangkep Komisioner), Bp Bagir Manan (ayeuna Ketua Mahkamah Agung) sareng Bp Teten Masduki.]
7. Tahun 2003-2004 ngarangkep janten Anggota Komisi Konstitusi. Komisi Konstitusi diadegkeun ku MPR, jumlah anggotana 33 urang.
8. Waktos studi di Amerika Serikat (Syracuse, New York) sanes ngulik masalah administrasi hukum, nanging masalah “penyelenggaraan peradilan pidana”.
Tahun 2001 studi di Inggris (London) ngulik kaelmuan ombudsman.
9. Saterasna widang kaahlian pribados teh “perbandingan hukum acara pidana” (Comparative Criminal Procedure), sareng kabehdieunakeun widang kaahlian teh ditambih ku kaelmuan ombudsman (Ombudsmanship).
Hatur nuhun ka nu nyusun ieu biografi pangarang sareng salam ka nu maraos.
RM Surachman
Jalan Adhyaksa VI C 21
Jakarta 12440Indonesia
email: rahman5msu@yahoo.com
Assalamualaikum ….
wilujeng ka PPSS..
mugia langkung majeng
hurip sunda!
Seniman ti Sumedang
Ngajoprak teu Walakaya
KASATIAAN Mang Yaya kana seni tarawangsa, geus kaukur ku waktu, geus kauji ku wanci. Diajar nabeuh tarawangsa (rebab jangkung), ti keur rumaja keneh. Mang Yaya nu lahir di Lebaktulang, Desa Nagarawangi, Kacamatan Rancakalong, Kabupeten Sumedang lir nu ditakdirkeun kudu kumawula kana seni buhun titinggal karuhun. Harita, pasanganana teh Mang Anda urang Cipala. Mang Yaya nu ngesetna, Mang Anda nu ngacapina. Muwuh endah, harmonis, dina keset jeung sintreuk kacapi. Mang Anda eureun tina nabeuh, Mang Yaya mah terus, najan harita tarawangsa teu pati dipirosea ku balarea. Nya ganti pasangan, manehna ngadidik Kang Udin urang Cinangka. Ayeuna nasib Mang Yaya pikawatireun, ngajoprak teu walakaya.
MANG Yaya, kitu kuring nyebut ka anjeunna teh. Nyebut emang teh, pedah kawin ka kapibibi sabrayna kuring, ka Bi Erah. Mang Yaya aslina mah ti lembur Lebaktulang, ari Bi Erah mah ti Cijere. Kuring asli urang Cijere. Lembur Lebaktulang jeung Cijere teh paeunteung-eunteung , masih sadesa, nya eta desa Nagarawangi. Harita kawin ka Bi Erah teh ngaduakalina, mawa anak tilu. Anakna nu bungsuna mah saumuran jeung kuring.
Natrat panineungan ngeunaan kahirupan Mang Yaya. Sainget, anjeunna teh tukang ngeset tarawangsa. Harita layanna teh Mang Anda urang Cipala, Mang Anda mah kabisana teh kana metik kacapina. Umurna, sapantaran wae jeung Mang Yaya. Ngan sanggeus Mang Yaya pindah ka Cijere, ka lembur Bi Erah, rada jarang Mang Anda marengan nabeuh. Malah ahirna mah eureun. Sigana jauh teuing ti imahna.
Mun mireng Mang Yaya jeung Mang Anda nabeuh, hate teh kokoleangan lir langlayangan ulin dialak. Bener-bener rasa kabawa ngalayang ku sora tarawangsa nu diulinkeun ku Mang Yaya. Lebah lagu Ayun Ambing, Angin-angin, Mataraman, jeung Jemplang, muwuh matak endah. Sora kesetna ngawirahma, kaanginkeun ku angin, rumayap dina simpena peuting. Da kapan tarawangsa mah ditabeuhna sok peuting, ti jam salapan nepi ka janari samemeh bedug subuh ngadurugdug ti masigit
Tarawangsa ditabeuh teh biasana jang nyalametkeun imah, salametan nyalin atawa panen pare, ngariakeun, atawa nyalametkeun orok nukarek lahir. Atawa dina acara ngalaksa jeung acara mubur suro. Tarawangsa teh seni nu mihormat kana Nyi Pohaci Sanghiang Sri atawa kana pare.
Biasana mun mulang nabeuhna teh, ukur dibahanan sasajen jeung pare sageugeus sewang. Nu boga hajat sok nitah nu digawe dina eta hajat sangkan mangnanggungkeun sasajen tea ka imahna Mang Yaya. Ka ayeunakeun sok remen dibere ongkos jang naek ojeg. Nu nganteurkeun teh ngarekeh nanggung sumbul atawa boboko, mapay-mapay jalan satapak nu cipruk keneh ku cireumis. Sasajen teh biasana geus pada ngadago ku para pamuda nu biasa lohong ka imah anjeunna. Mang Yaya teh sok ngabina pamuda sangkan resep kana seni karuhun.
Taun 1980-an basa Nagarawangi dicekel ku Kuwu Asri, harita tarawangsa teh kawas rek pareum. Ukur sababaraha grup nu aya, di antarana di Cikondang, di Legokpicung, jeung di Cibunar. Matak keueung, lantaran mimiti langka nu nabeuh. Inget keneh harita aya gerakan cinta kana tarawangsa. Mang Yaya singkil, ngajak ka Anang Gunawan nu harita cekel gawe jadi guru SD pikeun ngayakeun lomba nabeuh tarawangsa jeung ngigelanana di tingkat SD. Oge aya lomba nabeuh tarawangsa di antara grup nu aya di Rancakalong. Hasilna luar biasa, tarawangsa bisa menyat deui. Malah aya jadwal nabeuh di radio stasiun daerah. Jadwal manggung teh saminggu sakali. Ngear saban malem Rebo, maturan nu leleson sabada mulang gawe ti kebon.
Tarawangsa pada mikawanoh deui, malah kaum akademisi mimiti daratang ti Bandung. Harita nu di ajar teh ti Kokar (SMK 10), jeung ti ASTI (STSI). Malah loba nu nyieun tugas ahir ngeunaan tarawangsa, di antarana aya nu nyieun skripsi, tesis jeung desertasi. Mang Yaya ge remen diogan ka Bandung pikeun jadi guru tamu atawa dosen tamu. Malah kungsi magelaran di gedong kasenian di Bandung. Kungsi maen di TVRI Bandung jeung di RRI Bandung.
Malah pelukis teureuh Rancakalong, Umar, remen ngabringkeun turis asing pikeun ngadongdon tarawangsa. Ngeunaan tarawangsa geus kaambeu ku internasional jeung nasional. Sababaraha mahasiswa asing nalungtik ngeunaan tarawangsa jang kapentingan tesis katut desertasina.
Tapi Mang Yaya mah angger kitu, peutingna manggung, teu sare ti jam 8 parat nepi ka subuh. Nabeuh bari sila, ngaladenan nu ngigel. Ti mimiti acara ngalungsurkeun nepi ka nginebkeun, rema-remana teh ngulinkeun keset jeung senar. Minangka ubar tunduhna teh ngaroko jeung nguyupan cikopi nu liket. Hayang kahampangan ge ditahan, lantaran saha gantina atuh mun anjeunna nyelang heula mah. Jarang jalma nu biasaeun ngeset, beda jeung nu ngacapina, loba nu bisaeun.
Sigana alatan loba nahan kahampangan, jeung terus-terusan nguyupan cikopi, “kantong kemihna” ayeuna kaserang kasakit. Mang Yaya ngajoprak teu bisa kahampangan. Teu walakaya. Sang seniman teh ukur bisa humarurung. Geus beak nanaon keur uubarna. Cenah kudu dioprasi.
“Duit ti mana atuh keur ngaoprasina. Keur kontrol ge kawalahan. Geus lieuk euweuh ragap taya ayeuna teh!” ceuk Bi Erah dibarung ku nyegruk ceurik.
Cenah, kahayang mah dibawa ka Bandung, ka Rumah Sakit Hasan Sadikin, tapi teu boga waragadna. Pemda Kabupaten Sumedang, utamana dina pariwisatana teu ieuh paduli ka Mang Yaya nu kungsi nyeungitan Sumedang dina seni tradisina. Kitu deui Bupati jeung rengrenganana, can aya kanyaahna ka seniman nu ayeuna teu walakaya alatan teu boga duit jang uubar. Mang Yaya memang geus teu walakaya. Ukur ngajoprak dina kasur. Kahampanganana geus make selang, da puguh taya waragad keur ngoprasina.
“Mang Yaya teh gede jasana kana kasenian tarawangsa. Lian ti ngajaga, ngamajukeun, oge ngadidik nonoman sangkan resep kana eta seni. Malah para akademisi di Bandung, loba nu geus jadi jelema nu baheula mah panalungtikanana teh ti ieu lembur. Tapi, ieu no boga jasana teu dipirosea. Dina kaayaan keur kaserang panyakit parna, boro-boro aya nu nempo, dalah pamarentah ge apilain pisan. Harianeun…” ceuk Ajang nu ngaku bisa nabeuh teh alatan diwarah ku Mang Yaya.***
Dicaritakeun ku Usman Supendi. Kontak ka putrana: Jajang Koswara 085221360165
Kalayan Hormat,
Ngalangkungan ieu serat kuring Dodi Eka Pratama Neda dihapunten samudaya kalepatan Wilujeng Boboran Siam 1429 H.
Kanggo PPSS, sim kuring miboga maksud jeung kahayang kumaha lamun gawe bareng, Dodi teh nyiapkeun tempat di Jl. Sekeloa Selatan II No. 5 Dipati Ukur (Galeri Seni Miniatur “Waditra Craft”) hayang bisa mangpaat dina ngayakeun acara panglawungan sastra atawa pintonan seni budaya,jsb. Neda pangrojong ti PPSS sumangga dihaturanan kanggo ngamangpaatkeun eta rohangan leutik (cukup keur 50 urangeun). Cag!
Hatur Nuhun
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Hapunten ka dulur sarerea, manawi tiasa nulungan, sim kuring kaleungitan buku “Kanjut Kundang”, manawi aya nu tiasa masihan bongbolongan, kedah kamana kuring milari atanapi meser eta buku.
Upami aya nuterang, punten hubungi e-mail abdi
jonnytaurus@yahoo.com
Haturnuhun
Assalamu’alaikum Wr. Wb.
Assalamu alaikum,
Sampurasun ka sasayana, nepangkeun nami abdi Asep ti Subang. Resep pisan maos seratan dina ieu situs,utamina carponna. Sarae pisan.
Nyuhunkeun izin ngiring nga-link ka blog abdi.
Wassalam,
Asep
assalamualaikum
punteun ngiring nepangkeun nami abdi ali auliya muttaqin hoyong terang kana ieu paguyuban sinareng hoyong seer duduluran………….
wasalam,,,,,,,,,,,,
Bogor 29 Mei 2009
Neraskeun serat ti payun. ping 13 Februari 2008: Dugi ka harita sim kuring parantos ngempelkeun dugi ka 110 lagu Ganda Mekar/Mang Koko.
Tah, ayeuna mah koleksi laguna teh tos nambahan deui dugi ka 180 lagu! Ti (A) Adu Asih dugi ka (W) Wiwitan Puji/Wengi Enjing Tepang Deui. Kalebet lagu-lagu Kanca Indihiang.
Emut keneh kana sempalan lagu : “Mang Koko tuang bako samaruk samara soto…” Eta teh aya dina lagu anu judulna Resepsi.
Kukumpul lagu Mang Koko teh, bakating ku nyaah.
Ulah nepi ka dipopohokeun.
Sakitu bae heula ah…
Cag.