Potrét Kagiatan Saba Sastra PP-SS ka Kuningan

Poé Saptu, 21 Juni 2008, PP-SS ngayakeun acara “Gunem Catur Sastra jeung Pangajaran Basa Sunda” di Kuningan. Ieu acara téh minangka rukun gawé PP-SS jeung Balai Pengembangan Bahasa Daérah Dinas Pendidikan Jawa Barat, Pemda Kabupatén Kuningan, Dinas Pendidikan Kabupatén Kuningan, Dinas Pariwisata Kabupatén Kuningan, Majalah Sunda Midang, jeung Majalah Sunda Midang.

PP-SS miang ti Bandung Juma’ah pasosoréna, maké beus “sumbangan” ti Disdik Jabar. Aya kana 17 urangna nu milu téh. Ari kagiatanana, di antarana gunem catur jeung guru katut murid di Kuningan sabudereun basa, sastra, jeung pangajaran basa Sunda.

Tempat acara, méméh prung.

Nu ngabagéakeun, pengawas Disdik Kab. Kuningan, Dodo Suwondo, Ketua Tim Penggerak PKK Kab. Kuningan, wawakil ti Dinas Pariwisata Kab. Kuningan, wawakil ti Damas Cabang Kuningan, katut pupuhu PP-SS, Étti R.S.

Étti R.S. masrahkeun kagegelan ka Ketua Tim Penggerak PKK Kab. Kuningan, disaksian nu Lin RN ti PP-SS.

Acara gunem catur, panyaturna Safrina Noorman, Holisoh MÉ, Asép Ruhimat, jeung Dadan Sutisna. Panumbu caturna Dian Héndrayana.

MC: Dhipa Galuh Purba jeung Ana.

 


Nyiar heula peuyeum méméh mulang ka Bandung.

Nu maréjéng: Ana (kénca), Apip Catrix (tengah), Dhipa Galuh Purba (katuhu), jeung Abah Awié (tukang)

Ngariung di Waduk Darma.

Pa Supir (katuhu) jeung Ketua Rombongan, Kang Édi (tengah) dibaturan ku kondéktur (kénca)

 

Potrét: Dadan Sutisna/Apip Catrix

Komentar

2 Komentar kana seratan “Potrét Kagiatan Saba Sastra PP-SS ka Kuningan”

  1. nety | 25-06-2008, 11:52:09

    Duh …meuni kabita…
    hanjakal tos uih..
    salam sono ka urang PP-SS.

  2. Duddy RS | 26-06-2008, 11:02:20

    Hanjakal, teu laksana ngiring. Padahal tos megat di Tasik.

    Salam baktos ka sadayana.

Ngintunkeun Komentar