Maca: Tina Resep jadi Butuh
Éséy Chyé Rétty Isnéndés
KELAS hiji és-dé kuring geus bisa maca, tapi ngarti kana naon nu dibaca mah kelas tilu. Buku Taman Pamekar jadi buku bacaan wajib di sakola. Tina éta buku pisan pikiran kuring mimiti ngacacang kumalayang. Nu harita teu weléh ngahudang kapanasaran téh hiji wewengkon nu sok disabit-sabit dina éta buku: Cicaléngka!
Lembur kuring mah perenahna di wewengkon Sukabumi. Nagrak, persisna mah. Digedékeun téh ku Nini jeung Aki. Ari Aki téh véteran tentara anu dina taun 1997 kénging lencana Maha Karya Veteran ti Présidén Soeharto. Di imah, dina lomari Aki, kawilang réa bacaeun, boh buku boh majalah. Buku-buku Sunda gé aya. Nu kabaca harita téh ti antarana baé aya Sanghiang Lutung Kasarung-na Ahmad Bakri, ogé novél-novél pop bacaeun nu geus sawawa kayaning Véspa Beureum Dipaké Nguseup jeung Néng Omah.
Di sakola gé aya pabukon. Nagan baé buku-bukuna kabeh dina basa Indonésia. Asa teu kungsi manggihan buku Sunda. Nu sidik, kuring remen nginjeuman buku ti dinya. Di kelas genep kuring geus “wareg” ku buku.
Di és-ém-pé gé aya pabukon deuih, tapi koléksina teu nyugemakeun. Bukuna ngan saeutik. Hadéna baé di balé désa gé aya pabukon. Sok sanajan anggangna ti sakola ka balé désa téh aya kana dua kilona, kuring remen pulang anting ka dinya unggal istirahat sakola. Bukuna kaitung réa di dinya mah. Atuh buku-buku Sundana aya deuih.
Ti pabukon désa kuring bisa maca Si Donca yasana Yus Rusyana; Keri Juara Lumpat yasana Ami Raksanagara; Puragabaya, Si Leungli jeung Sasakala Maribaya yasana Akub Sumarna. Kungsi deuih maca buku Ngabuang Manéh,ngan geus poho deui duka saha nu ngarangna.
Tina banget resep macaanana aya hiji dua buku nu teu kungsi kapulangkeun. Puragabaya séri kahiji ti antarana mah nu ku kuring hayoh baé dibaca nepi ka sababaraha balikan. Lain ngahaja saenyana mah, da harita kabeneran keur nyanghareupan ujian. Buku téh kakara dipulangkeunana sanggeus kuring di kelas hiji SMA.
Ti pabukon és-ém-a nu kabaca téh ngalegaan. Kuring jadi wanoh kana karya-karya sastra Indonésia kayaning Sitti Nurbaya, Salah Asuhan, Sungai dan Luka, Robohnya Surau Kami, Azab dan Sengsara, Layar Terkembang, jrrd. Tapi teu sugema kénéh kuring ku bacaan sastra Indonésia téh.
Kabeneran di Cibadag aya pabukon leutik tapi koléksina kawilang lengkep. Saban Juma’ah atawa Saptu, mangsa bubaran sakola, kuring sok ngalanto ka dinya. Di dinya mah réa buku Sunda nepi ka dada kuring mani dulugdugdag, kacida bungahna. Nya ti dinya kuring wanoh ka Burak Siluman jeung Lain Éta karya Mohamad Ambri; Pipisahan karya RAF; Pangéran Kornél jeung Mantri Jero karya Méméd Sastrahadiprawira; Manéhna karya Sjarif Amin, jrrd.
Taun 1993 kuring asup ka Jurusan Basa jeung Sastra Sunda IKIP (Institut Keguruan dan Ilmu Pendidikan) Bandung—nu kiwari salin ngaran jadi UPI (Universitas Pendidikan Indonesia). Atuh waktu mimiti ditanya tos maca buku naon téh, kuring kari ngajawab jeung nerangkeun. Sihoréng éta téh modal pikeun mahasiswa Jurusan Sunda mah, lantaran lamun teu maca tangtu ngabigeu. Boro-boro bisa ngaaprésiasi, nyaho kana judulna ogé nu séjén mah kakara harita.
Di kampus mah nu dibaca téh lain wungkul karya sastra tapi buku-buku téorina deuih. Maca téori mah otak téh babari panas, gampang bosen, jeung haroréam deuih. Kaalaman pisan, rada kuled otak téh ari dititah maca buku téori mah. Tapi sok sanajan kitu, ari dibaca mah perlu, dikeureuyeuh hiji-hiji, sangkan wawasan beuki ngalegaan. Éta téh apan geus jadi kawajiban mahasiswa. Lamun teu kitu urang pasti katinggaleun.
Ngeureuyeuh téori bisa nyeukeutan aprésiasi. Misilna maé pikeun ngabanding-banding hiji karya jeung karya lianna. Cara ngajén Manéhna karya Sajrif Amin wedalan Pustaka Jaya baheula dibandingkeun jeung Manéhna karya Sarif Amin wedalan Kiblat Buku Utama kiwari. Nu karasa ku kuring, dina Manéhna nu ayeuna mah, nu ukuranana leuwih leutik batan nu baheula, daya éstétisna asa ngurangan sok sanajan caritana, pangarangna, jeung gambar jilidna masih kénéh sarua. Horéng kontéks medalna hiji karangan téh bisa mangaruhan ajénna. Meureun éta nu dimaksud ku A. Teeuw yén variasi karya ogé jadi sumber tegangan éstétis pikeun pamaca ahli mah.
Tina resep maca antukna kuring bisa kurung-karang turta wawanohan jeung para pangarang nu karyana baheula kungsi dibaca.
Ayeuna dina mangsana mraktékkeun élmu pangaweruh di lapangan atikan karasa pisan laum élmu urang masih kénéh kurang. Enya kumaha kasebutna, lamun guru kapiheulaan maca ku muridna; lamun guru heureut perspéktif macana; éra temen karasana.
Maca téh ayeuna mah lain deui lantaran ku pangaresep tapi ogé ku kabutuhan nu kudu dipakihikeun dina ngaaplikasikeun élmu pangaweruh di masarakat atikan.***
Komentar
1 Komentar kana seratan “Maca: Tina Resep jadi Butuh”
Ngintunkeun Komentar
- Maos teh mangrupikeun jambatanna elmu
- Pabukon mangrupikeun gudangna elmu
- Pangaresep mangrupikeun motivasi hirup
- Wawasan / intelektualitas mangrupikeun hasilna, nu baris nyitak kapribadian hirup manusia