Ladang Saémbara Ngarang
DINA sastra Sunda réa pisan saémbara. Boh nu diayakeun ku lembaga, individu, boh ku pamaréntah. Geura wé, nu kacatet téh aya Saémbara Ngarang D.K Ardiwinata (keur naskah carpon, sajak, drama, novél, jeung dangding), Saémbara Ngarang Hadiah Oeton Mochtar, Saémbara Ngarang PP-SS, jsté. Ladang saémbara téh, lian ti patingkurunyung pangarang anyar, nambahan kabeungharan sastra Sunda deuih. Najan ka dituna mah, naskah tina saémbara téh aya nu diculkeun, aya deui nu diterbitkeun ngarah kabaca ku balaréa.
Godi Suwarna apan kungsi murang-maring. Geura dina panganteur novélna nu karék terbit, Sandékala (Kelir, 2007), ieu pangarang téh siga nu ngananaha kana nasib naskah novélna nu sasatna diganggayong.
Éta naskah téh kungsi dilélér Hadiah Sastra Daéng Kanduruan Ardiwinata ti Paguyuban Pasundan dina 1998. Bari jeung cék Godi téa mah, “da dina béwara lomba, naskah-naskah nu meunang pris cenah baris dibukukeun ku panitiana.” (kc. xi)
Ngan nya kitu, “Taun-taun lieuk beuheung sosonggéteun, balas nganti Sandékala nu cenah rék dibukukeun. Teu béja. Teu carita. Lebeng. Panitia jalir jangji.” (kc. xii) Tungtungna ku Godi naskah novél téh diropéa deui. Kungsi dimuat-sambung dina majalah Manglé. Jeung kungsi ditatawarkeun ka sawatara penerbit, ngan taya nu nyanggut.
Najan tungtungna mah aya nu daék nerbitkeun éta naskah. Ngan éta wé, “Naskah réngsé taun 1998, bari dilélér hadiah sastra, karék badé medal 2007. Sumangga, arétang baé, sabaraha taun campleng pun novél téh diganggayongna, hirup teu neut, paéh teu hos!” (kc. xiii)
Tapi kétang, mun nyawang sajarah ka tukang-tukang mah, soal saémbara ngarang dina basa Sunda téh kaitung geus lila. Jeung nu diengké-engké medalna gé geus aya ti béh ditu mula deuih.
Geura mangga tengetan bukuna Mikihiro Moriyama, Semangat Baru (2005). Kapan di dinya, urang meunang katerangan yén dina 9 Oktober 1843 Pieter Mijer, sekertaris Bataviaasch Genootschap Kunsten en Wetenshappen (BGKW), ngumumkeun sing saha baé nu bisa nyusun kamus basa Sunda nu leuwih hadé tur leuwih lengkep bakal diganjar ku hadiah mangrupa duit nu gedéna 1000 gulden ditambah medali emas.
Nu harita kabiruyungan meunang téh Jonathan Rigg, pangusaha kebon entéh bangsa Inggris nu nganjrek di wewengkon Jasinga, Bogor. Naskahna dijudulan A Dictionary of Soenda Language of Java. Kapan meunangna téh dina taun 1854, sabelas taun ti diumumkeunana éta saémbara. Ngan palebah medalna mah 8 taun sabada meunang, nyaéta dina 1862.
Satuluyna mun ngeunteung tina daftar buku Sunda wedalan taun 2007 jeung nyawang sawatara taun katukang, aya sawatara buku hasil tina saémbara ngarang boh novél, carita barudak, naskah drama, boh carpon, di antarana: Sandékala (2007), Kembang Kadengda (2007), Si Sekar Panggung (2007), Si Ocang (2007), Catatetan Poéan Réré (Désember 2007), Saéni (Désémber 2007), Jeblog (2008), Panggeuing: Haréwos Tutugan Gunung (2005), Pangantén (2003), Ti Pulpén tepi ka Pajaratan Cinta (2002), Galuring Gending (2001), Kembang-Kembang Petingan (2002), Pangantén (2003).
Ditilik tina nu ngayakeunana, saémbara ngarang téh dialpukahan ku dua lembaga. Kahiji lembaga nu aya gantar kakaitan jeung kabudayaan Sunda. Upamana, Paguyuban Pasundan, Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), Majalah Manglé, Lembaga Mekar Parahyangan jeung Klub Pecinta Sastra (KPS) Bandung.
Dina 2007, PP-SS ngayakeun saémbara ngarang naskah bacaeun barudak. Di antara pinunjulna nu geus ngajanggélék jadi buku, Si Sekar Panggung jeung Si Ocang, duanana karya Tatang Sumarsono. Hiji deui, naskah beunangna Ai Koraliati, Catatetan Poéan Réré. Lian ti bacaeun barudak, PP-SS ngayakeun saémbara naskah drama deuih, tur rarancangna mah sarua rék dibukukeun.
Ari nu hiji deui, holna ti lembaga pamaréntah. Dinas Kebudayaan dan Pariwisata (Disbudpar) Jawa Barat ngaliwatan UPT Taman Budaya Jawa Barat, dina saémbara Pasanggiri Ngarang Carita Pondok 2007. Hasil saémbarana geus dibukukeun mangrupa antologi, Kembang Kadengda (2007). Kitu deui, Perhutani Unit III Jawa Barat & Banten. Dina 27 Juli-30 Séptémber 2004 ngayakeun Pasanggiri Nulis Puisi Sunda Kehutanan Tingkat SLTP-SLTA sa-Tatar Sunda. Hasilna, sarua deuih geus dibukukeun mangrupa antologi, Panggeuing: Haréwos Tutugan Gunung (2005).
Mun ngeunteung deui tina béréndélan buku di luhur, nu jadi pinunjul dina saémbara téh karéréanana mah nu kawilang geus pangalaman enggoning ngarang dina basa Sunda. Nu alanyar tur nu ngarora mah rada katinggaleun.
Godi deui (Sandékala). Tatang deui (Si Sekar Panggung, Si Ocang, Galuring Gending), Holisoh MÉ (Kembang-kembang Petingan) jeung Hadi deui (Saéni), nu jadi pinunjul dina saémbara téh. Da nu ngarora jeung nu kaitung alanyar mah bisa diitung. Geura mangga ilikan bukuna. Kapan ngan aya opat buku. Bari nu dua mah mangrupa antologi. Nu kasebut pangarang anyar téh nyampak dina buku Kembang Kadengda, Ti Pulpen tepi ka Pajaratan Cinta, Catatetan Poean Réré, jeung Panganten.
Cék kitu cék kieu, ladang tina saémbara téh teu burung réa mangpaatna. Éta gé sok kabéjakeun aya sésékélanana, upamana lebah jalirna panitia pikeun nerbitkeun karya nu meunang dina saémbara.***(Atep Kurnia/Dadan Sutisna)
Komentar
Ngintunkeun Komentar