Novelet (3)

Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 3 - Réngsé

Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Gaaaaaaaaaaaaangngngngngngngngngngng
Gaaaaaaaaaaaaannnnnnnngngngngngngngng
Sora gaang meureun nya?
Enya, lah! Sorana tarik. Angin rada hareungheuy. Nebak saeutik ka tepas imah. Jang Maman pupuringisan.
“Ke deui mah ulah sok gegelutan, atuh Ujang!” cek Ma Icih bari ngurutan bitis Jang Maman. Nu di nasehatan mah ngeluk bae bari pupuringisan.
“Teu sawios-wios kitu, Ma?” […]

» Terasanana

Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 2

Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Bubuhan sakola anyar, kaangseu keneh bau cet na oge. Kuduna mah cenah, sakola SMPN 2 Banjaran teh, ngadeg ti baheula keneh. Lila teuing jadi Kelas Jauh SMPN 1 Banjaran. Ngan duka kunaon, bet karek taun ayeuna jadina mah. Sabaraha taun mah, ti saprak diadegkeun, sakolana teh nyiruruk di […]

» Terasanana

Si Kopéng Ngaduruk Anjing - Bagian 1

Novélét Ériyandi Budiman
(Naskah Saémbara Ngarang Novélét Barudak PP-SS)
Handapeun tangkal Nangka Koneng nu leubeut, Si Bagja anteng ngasur-ngasurkeun suluh. Geus ruhay. Seuneuna ngalentaban kastrol. Pangpung jeung baralak dina pirunan mah, meh tarutung kabeh. Ngalebu. Sigana tereh asak liwetna teh. Haseupna ngabulungbung meulah kebon jagong. Sawarehna seselendep kana pare nengah bitis. Terus mancawura luhurun kebon cosin, nu […]

» Terasanana