Akub Sumarna: Méh Satengah Abad Ngarang Basa Sunda
PAMATUHAN Akub perenahna di Kampung Andir, Desa Gudang Kahuripan, Lémbang. Di sisi jalan gedé, aya gang heureut, pungkal-péngkol mangrupa labirin. Lebah tanjakan, di sisi jalan liliwatan pisan, matuhna téh. Imah nomer 81, nu dina témbokna aya réklame nu nétélakeun yén nu matuh di dinya muka usaha sablon.
Basa ditepungan, Minggu pasosoré, 14 April 2002, Akub keur lalajo Pérsib dina tivi 21 inci. Luhureun sofa, aya piagem naplok na témbok, ti pamedal Geger Sunten taun 1996, minangka pangajén kana produktivitas nu boga imah dina widang kurung-karang. (Saenyana mah aya hiji deui piagemna téh, ti Departemen P dan K taun 1995. Ngan nu éta mah teuing nyelap di mana.) Lian ti éta mah, méh teu aya papaés naon-naon deui di éta rohangan téh.
Darpan jeung Karyana
Ti barang gubrag ka dunya gé cenah ngaranna téh Darpan, ngan sa-Darpan-Darpan-na. Kungsi rada légég, ngaran dipapaésan jadi Darpan Ariawinangun. Cenah asbabun nujulna mah pédah basa keur rumaja sok ngirimkeun sasajakan ka hiji radio partikelir di Karawang, bari maké ngaran samaran Ariawinangun. Orokaya, sanggeusna dipikawanoh ku balaréa, aya nu nganaha-naha, sok sanajan teu pamohalan maksudna mah ukur heureuy. Pajar Darpan mah pantesna ngaran cacah, demi Ariawinangun ngaharib-harib kana ngaran golongan kusumah. Cindekna, dianggap teu lumrah. Éta sigana nu ngalantarankeun kadieunakeun mah manéhna balik deui ka ngaran nu asli, anu tangtuna gé beunang ngabubur beureum ngabubur bodas.
Nganjang ka Holisoh MÉ
Holisoh ME beunang disebut pangarang produktif. Teu béda jeung Ahmad Bakri atawa Aam Amilia. Ratusan carponna sumebar dina média massa Sunda; Hanjuang, Gondéwa, Manglé, Galura, Suara Daérah, Giwangkara, Kudjang, jeung nu séjénna. Novélna nu anyar medal, Kembang-Kembang Petingan, nyaritakeun kahirupan awéwé bangor. Kumaha prosés kréatipna dina kurang-karang?