Éséy (7)

Kabandang ku Ahmad Bakri

Catetan Dadan Sutisna

Nu kapidangkeun di dieu kénging ngaraéh tina gunem catur di Panglawungan Girimukti, 21 Séptémber 2002. Jejerna: Ahmad Bakri sareng karya-karyana. Minangka panyaturna Tétén Masduki, Duduh Durahman, sareng Abdullah Mustappa, kalayan panumbu caturna Hawé Setiawan. Teu sadayana dicutat, dipilihan nu pokona baé. Dupi maksadna dipidangkeun taya sanés supados kaaos ku sugri nu teu tiasa sumping. Atuh kanggo anu sarumping harita, ieu mah étang-étang dokuméntasi baé. Hatur séwu nuhun.

» Terasanana

Ladang Saémbara Ngarang

DINA sastra Sunda réa pisan saémbara. Boh nu diayakeun ku lembaga, individu, boh ku pamaréntah. Geura wé, nu kacatet téh aya Saémbara Ngarang D.K Ardiwinata (keur naskah carpon, sajak, drama, novél, jeung dangding), Saémbara Ngarang Hadiah Oeton Mochtar, Saémbara Ngarang PP-SS, jsté. Ladang saémbara téh, lian ti patingkurunyung pangarang anyar, nambahan kabeungharan sastra Sunda deuih. Najan ka dituna mah, naskah tina saémbara téh aya nu diculkeun, aya deui nu diterbitkeun ngarah kabaca ku balaréa.

» Terasanana

Resep Maca, Hayang Ngarang

Ku Dhipa Galuh Purba

ARI nginget-nginget munggaran bisa maca mah asa rada bureng. Poho deui. Nu sidik, heula kénéh bisa maca Arab batan maca Latén. Harita di lembur kuring (Kampung Simpar, Desa Panjalu, Kabupatén Ciamis) barudak opat taun ogé geus dialajar ngaji. Malah lamun sapoé teu ngaji téh sok aya hukumanana boh ti guru ngaji boh ti lanceuk kuring. Sieun taktagé.

» Terasanana

Teu Tulus Paéh Kapopohokeun

Éséy Hawé Setiawan
TAUN 1991 Hadi AKS boga pikiran rada anéh. Manéhna hayang nyusun buku nu eusina ngadongéngkeun pangalaman para pangarang Sunda enggoning kurung-karang. Teuing katarajang kasakit nanahaon, ngan jigana Hadi kabitaeun ku Pamusuk Eneste nu kungsi nyusun buku Proses Kreatif nepi ka dua jilid. Nu disusun ku Pamusuk téh mangrupa manglé ngeunaan pangalaman ngarang […]

» Terasanana

Maca: Tina Resep jadi Butuh

Éséy Chyé Rétty Isnéndés
KELAS hiji és-dé kuring geus bisa maca, tapi ngarti kana naon nu dibaca mah kelas tilu. Buku Taman Pamekar jadi buku bacaan wajib di sakola. Tina éta buku pisan pikiran kuring mimiti ngacacang kumalayang. Nu harita teu weléh ngahudang kapanasaran téh hiji wewengkon nu sok disabit-sabit dina éta buku: Cicaléngka!
Lembur […]

» Terasanana

Pasantrén dina Sastra Sunda

Éséy Atép Kurnia
Pasantrén geus lila ayana di Tatar Sunda. Numutkeun Ékadjati (2004), pasantrén mimiti nu diadegkeun di Tatar Sunda téh nyaéta pasantrén anu dibuka tur diluluguan ku Sunan Gunung Jati sabudeureun abad ka-15 di Bukit Amparan Jati, kurang leuwih 5 km kaléreun Kota Cirebon.
Tapi ari di Priangan mah, pasantrén téh karak aya dina abad […]

» Terasanana

Tilu Potrét Datangna Idé

Ku Dian Héndrayana  
HIJI karya gelarna téh aya kalana tina idé nu datangna teuing ti mana. Teu dianti-anti teu dihiap-hiap. Balikanan didago-dago, idé téh bangun nu teu baé léah némbongan. Kitu mungguh lalakon sakadang idé, nu mémang sok sumping tumorojog bari jeung dedemitan téa.
Lalakon Kang Godi, panyajak nu motékar luar biasa, méméh ngagelarkeun karyana […]

» Terasanana