Carita Pondok (69)

Yus, Akang Moal Waka Mulang

Carpon Senny Suzanna Alwasilah
Geus lila kuring teu mulang ka lembur. Lain teu sono kanu jadi kolot, tapi tuda teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, keur dahar sapopoe oge nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa, ke mun aya kiriman kakara dibayar. Kabeh mahasiswa anu kos di dinya mah tara […]

» Terasanana

Nu Nyalangkrung Di Cibitung

Carpon Sarabunis Mubarok
MUN inget ka anak, geuwat interlokal, mun inget ka pamajikan mah, lokal wé.”
Ti mangkukna ieu kalimah napel na ceuli, ngélég, ngégélan haté. Komo deui peuting ieu, tara-tara ti sasari, bet hayang siduru dina seuneu asmara nu ruhay, bari diharudum ku simbut nyawaan.
Beuki peuting, panon kalah beuki curaling. Silih teuteup jeung Salma […]

» Terasanana

Caah

Carpon Risnawati
NEUTEUP cai kiruh nu umpal-umpalan luareun jandéla,  aya nu nyérését kana haté. Si Bungsu naplok dina tangkeupan, teu kecét-kecét. Tina ketug jajantungna nu kerep, kuring bisa ngarampa rasa sieun nu pohara. Rasa sieun nu sarua nyaliara dina dada sorangan.
Cai ukur satengah méteran deui tina tungtung lisplang imah ku­ring umpak handap. Untung imah téh dua […]

» Terasanana

Hujan Ambahan

Carpon Chye Rétty Isnéndés
Panonpoé lir nu sungkan nyuaykeun indung peuting. Cahyana teu gumebyar kawas hibarna isuk-isuk nu unggal poé dilakonan. Alum. Wuyung. Malah semu-semu kingkin poé téh. Tatangkalan kawas nu tarungkul. Daun-daunna mararungkut teu matak ngirut. Héjona teu ningtrimkeun ati, tapi matak marudah jeung sumoréang.
Reup sakeudeung. Gerahna isuk-isuk leungit. Méga hideung nu ngadingding bet […]

» Terasanana

Ai Siti Hayati

Carita Pondok Chyé Rétty Isnéndes
LEBARAN ayeuna mah béda jeung lebaran-lebaran tujuh taun ka tukang. Béda téh, béda dina haté nu ngarandapanana. Kuring. Tina haté tuluy kana lahiriahna, waruga jeung status. Status kuring.
Tina éta status, kuring moal mungkin bisa nyaruakeun atawa nganggap sarua kalungguhan kuring ayeuna. Tuluy nganyam silaturahmi nu sarua jiga baheula, nguntun tipung duduluran, […]

» Terasanana

Patrem

Carpon Hermawan Aksan
BOGOH pisan kuring téh ka manéhna. Nu matak, manéhna kudu perlaya poé ieu pisan. Euweuh deui jalan séjén.
Patrem geus kudu lugay, sanggeus welasan taun cirekem minangka pusaka di jero kotak kai kibeusi nu digembok tur disimpen di juru gudang. Bangga kacida mukana gé lantaran gembokna geus tihiangan, turta lantaran inget kénéh geus diwanti-wanti […]

» Terasanana

Sakadang Buuk

Carpon Nunung NS
Sok asa rada béda batur rarasaan téh. Éta lebah buuk. Asa babari panjang. Padahal mah ilahar wé meureun. Ngan éta, sok asa cikénéh dicukur téh, ayeuna geus kudu dicukur deui. Komo kapan tilu bulan ka tukang mah diipisan pisan, méh dugul malah. Dibédakeun ti sasari, disahédeng. Pédah wé kétang kamari mah sakalian kaul, […]

» Terasanana

Kémbang Pangurekan

Carpon Nunung NS

ISUK kénéh Somad geus nyampeur. Saged. Maké topi laken, dikaos jeung dicalana sontog. Leungeun kénca ranggém; ngajingjing kérésék, eusina kaléng jeung cacingna. Urek wéh tilu digulungkeun, dicekelan atawa dijepit ku jempol jeung curuk lebah elukna, bisi ngait tayohna. Dina taktak nyoréndang kempis, wadah cai. Saliwat mah kawas budak nu rék pakanci.
Kuring gé […]

» Terasanana

Nu Ngadekulan Peuting

Carpon Nunu N.Azhar
DUKA peuting nu kasabaraha, manéhna kaluar ti imah. Rerencepan ninggalkeun anak jeung pamajikanana nu keur tibra. Manéhna teu pernah boga alesan nu jelas, ukur hayang kaluar terus diuk sisi jalan. Lebah tikungan. Di dinya aya korsi nu dijieun tina témbok. Duka saha nu nyieunna. Jigana pamuda di daérah ieu nu pirajeunan nyieun tempat […]

» Terasanana

Lagu Cinta Jeung Sajabana

Carpon Nazaruddin Azhar
“Kira-kira, sabaraha urang nya nu bakal nganteur ka pajaratan, engké mun urang geus waktuna dikubur?” si lalaki nanya, tapi ku lentong nu kadéngéna jiga lain keur nanya. Kacamata nu ti tatadi jiga nu keur ditimbang ku leungeunna ditunda deui na luhur méja, luhur lipetan koran.
“Maksud téh lian ti Kardiman,” pokna deuih bari […]

» Terasanana

« Kaca PengkerKaca Payun »