Carita Pondok (69)

Ririwa Asmara

Carita Pondok Waliyunu Heriman
Hade jigana lamum pangalaman ieu dijadikeun bahan carpon. Sugan bae kapake ku redaktur, terus dimuat. Tah ku kaaosna carios sim kuring engke mugia pamiarsa pulih kasadaran, waspada, leuwih ti kitu taki-taki kana sagala kamungkinan timbulna masalah. Tina naon? Tina alatan reana tetempoan nu dibengbrengkeun telepisi, pangpangna tetempoan ieu— hiji tetempoan nu […]

» Terasanana

Silang Sigeu

Carpon M. Sasmita
POÉ Minggu ngajak budak ulin ka toko buku. Éta tuda ti kamari ngaéh baé hayang buku catetan leutik pulas kayas. Teuing keur naon, da ditanya téh ukur nyebut keur catetan. Diayunkeun wé kahayangna téh, sakalian rék néangan buku séjénna.
Budak téh jigrah pisan. Di toko buku taralang-tereleng ka ditu ka dieu. Rada kawalahan kudu […]

» Terasanana

Di Patamanan

Carpon Toni Lesmana
Di patamanan. Sakatukangeun Pondok Barokah. Lampu buleud tengah palataran, tihangna ajeg dirungkup-rungkup malati, katénjo reyem-reyem. Angin seungit ngahiliwir nebakan mangpirang biwir daun. Nebakan mangpirang pucuk lilin. Kiceupna tingkalices, ari pucukna teu kendat nunjuk béntang nu tingkaretip. Lilin sawaréh rapang lebah émpang, lumaku luhureun gabus, lir layar-layar cahaya.
“Taya deui jalan, Sinta!” Rasta […]

» Terasanana

Ciricit Beurit

Carpon Toni Lesmana
HAREUPEUN saung. Durukan ngabebela, bangun hayang ngarérab peuting nu jempling. Hayang ngaduruk lalancip angin, jerit jangkrik, genggerong bangkong. Hayang ngaduruk pucuk-pucuk kalapa, méga jeung béntang nu gumeter. Hayang ngaduruk langit.
Sardiat teu eureun nambahan suluh. Ngagarabyag. Mabra buruan saung. Sora seuneu ngahakan dahan garing. Tingbeletok suluh awina. Silalatu nyieuh-nyieuh cika-cika, sina rabeng luhureun […]

» Terasanana

Dulur

Carpon Tien Kustini Maskar
DIANJANGAN teh kasampak Kang Usep keur sila tutug. Ti kajauhan katenjo nyerengeh. Kumisna nu kandel nyingsat. Sanggeus deukeut ompongna kaciri. Unggal papanggih huntuna beuki ngurangan. Kang Usep ngiap-hiap. Sanggeus sasalaman gek diuk gigireunana. Bangku nu heureut teh ngan cukup dipake diuk duaan, pagegeye kawas keur ocon. Rek diuk di handap asa […]

» Terasanana

Nalika Engkang Teu Damang

Carpon Tétty Suharti
Wallohi, Engkang! Irahaeun teuing abdi wantun susumpahan. Kantenan bari ngababantun asmana Alloh sagala rupi. Sok asa teu wararantun. Rumaos diri seueur kénéh katuna. Sok sieun hanas abdi susumpahan, ari hég ninggang di abdi nu lepat. Beu, tada teuing isinna diri di payuneun Mantenna.
Wantun susumpahan sotéh ka Engkang, kajurung ku hoyong ngayakinkeun, supados […]

» Terasanana

Di Tampian

Carpon Supriatna
Bedug asar geus titadi, tapi jelema di tampian pagegelek kénéh baé. Nu mandi, nu ngamandian budak, nu gégéroh, nu ngarala cai mani ngantay. Léos saurang, torojol saurang, teu kaur lowong. Cacakan pancuran aya limana.
Sora turaés séah dina tangkal mindri ti mumunggang tonggoheunana. Angin mangkat katiga nebak ti kidul-wétan, angin garing ngandung kasakit,matak keusrak kana […]

» Terasanana

Si Beungeut Kapas

Carpon Darpan
WELÉH jadi pikiran manéhna, boa pamajikanana téh jodo nu salah dirangkepkeun ka manéhna. Ari awéwé nu kuduna jadi jodo manéhna, jeung kuduna bagja ngarangkep jeung dirina, ayeuna sarua keur sangsara dikakaya ku salakina.
“Teu kudu panjang dipikiran. Bongan manéh mah siga resep ngajomblo. Kurang kumaha pantesna Si Iis. Pék sing runtut raut. Ku Ema didu’akeun. […]

» Terasanana

Indiana Jones

Carpon Sénny Suzanna Alwasilah
Tok…tok… tok… sora panto kamar aya nu ngetrok. Kuniang hudang.
Kulutrak pantona dibuka. Kacida reuwasna, basa di hareupeun panto aya lalaki jangkung badag ngabedega.
“Thanks God, finally you are awake.” cenah bari nyekelan leungeun kuring.
“Who are you?” cékéng reuwas. Tapi manéhna teu ngajawab kalah ka terus neuteup anteb. Nyéh seuri. Leungeunna […]

» Terasanana

Apes

Carpon Sénny Suzanna Alwasilah
GEUS lila teu mulang ka lembur. Lain teu sono ka nu jadi kolot, tapi teu boga keur ongkosna. Tong boro keur ongkos balik, dalah keur dahar sapopoé gé nganjuk heula ka warung Bi Otih, da geus biasa ieuh, engké di mana aya kiriman kakara dibayar. Ongkoh mahasiswa anu indekos di dinya mah […]

» Terasanana

« Kaca PengkerKaca Payun »