Haréwos Nu Gaib
Najan kasohor sok ngarang “carita jurig”, Cara dina opat welas carpon nu midang dina buku Haréwos Nu Gaib. Teu sakabéhna patali jeung “jurig” atawa “siluman”. Najan kitu, ari amanat moralna mah nu jadi ciri utama carita-carita Ki Umbara, teu leungit.
Dina Haréwos Nu Gaib – nu dijadikeun judul ieu buku upamana. Ieu carpon téh nyaritakeun lalampahan jalma nu kungsi ngilu bajuang di jaman révolusi. Dina lalampahan longmarch ti Yogya ka Pasundan, manéhna tepung tur kapincut ku awéwé nu ngaku randa. Padahal saényana mah duanana gé geus kulawargaan. Aya sawatara poéna éta dua jalma nu lain muhrim téh hirup bareng cara salaki jeung pamajikan baé.
Heulang Nu Ngajak Béngbat
Macaan karya dina antologi Heulang nu Ngajak Béngbat tangtu baé macaan jengléngan idé saban pangarangna. Macaan jengléngan kualitas sastrawi nu nyangkaruk na diri pribadina nu diéksprésikeun dina wangunan carpon, sajak, jeung naskah drama. Disawang tina kasang tukang, gaya, jeung pangalamanana katémbong henteu ragem. Atuh lebah kudu ngagayem karya gé éstu bakal cara ngagayem rujak, nu bahan katut rasana béda-béda téa.
Hurip Waras!
“Bari ngulik sastra, katémbong Kang Ajip nuturkeun jeung ngabandingkeun kahirupan masarakat sabudeureunana, kaasup kahirupan jeung masalah bangsa katut nagarana. Dina umur 18 taun Kang Ajip geus milu mikiran nasib masarakat jeung lemah caina anu keur nyanghareupan rupa-rupa masalah anu pakuat-pakait jeung kahirupan kamasarakatan, kabudayaan, jeung kanagaraan.”— Édi S. Ékadjati
Jagat Carita
JAGAT Carita nu disusun ku Hawé Setiawan, bisa jadi buku kumpulan carpon munggaran nu ngariungkeun karya sastra pangarang dunya dina basa Sunda. Nu geus medal mah réréana dina wangun novél. Ari carpon-carpon beunang narjamahkeun Sunarya P.K. jeung Hikmat Kusumaningrat, bacacaran kénéh dina koran jeung majalah, tacan ngajanggélék jadi buku.
Jatining Sobat
Jatining Sobat ngalalakonkeun pangalaman Minta, anu hirupna balangsak sanggeus bapana kabéjakeun maot di pangbérokan, ari indungna lunta teu puguh raratanana. Kapaksa manéhna kudu cicing di emangna, tapi teu betaheun, lantaran emangna téh gegedug bangsat. Ahirna ieu budak téh minggat ti imah emangna.
Jodo Pakokolot
Lalakon Radén Suria Sungkawa sareng Endén Ratna Wulan anu didongéngkeun ku Méméd Sastrahadiprawira (1897-1932) dina Jodo Pakokolot téh. Lalakon panglipur, minangka raéhan tina Il Decameron, salah sahiji karya utama Abad Pertengahan, yasana Giovanni Boccaccio anu kawentar. Ku tiasa Méméd nyundakeunana, mindahkeun kasang ti Éropah ka lembur urang, nepi ka karasana merenah, luyu jeung acining batin balaréa Sunda.
Jurig Gedong Setan
Wildan, mahasiswa “miskin” ti Cirebon, nyicingan imah nu réa jurigan. Basa ngamimitian nyicingan éta imah, pabebeurang aya awéwé beunghar umur lima puluh taunan, hayang maturan manéhna cicing di dinya. “Tumut kana pituduh nu gaib,” cénah. Kumaha polah Wildan jeung Si Ema nyanghareupan para ponggawa jurig? Naha terus dirogahala?
Réréana carpon dina ieu buku nyaritakeun jurig cara nu hirup dina alam pikiran urang Sunda, kalawan gaya carita nu pikaresepeun saréréa, kaasup… jurigna boa.
Jurig Paséa jeung Nyi Karsih
Réa karangan dina ieu buku anu ngadongéngkeun hal perkara kaum wanoja. Paling copélna gé karanganana réa anu miang tina jihat sawangan (point of view) wanoja. Awéwé nu ngalalakon karéréana ngarandapan pangalaman anu teu pikabungaheun.
Dina kurung-karangna Téh Tini mah henteu ngan ngumbar imajinasi. Imajinasina téh dipageuhan ku kasadaran anu jembar kana sajarah masarakatna katut tilikan anu seukeut kana kaayaan hirup kumbuh di sakuriling dirina. — Hawé Setiawan
Kabandang Ku Kuda Lumping
Nu kabandang ku kuda lumping téh Jang Udin. Manéhna keur meujeuhna resep ulin, jarambah, tara nurut kana papatah kolot. Élodan deuih, nu matak basa dititah ku emana nyokot duit ti tatanggana, manéhna kabandang ku jalma réa nu ngabring ngiringkeun kuda lumping. Sabot nutur-nutur kuda lumping, duitna leungit. Mangkaning lain saeutik-eutik duit. Ladang paré kitu atuh. Rék balik sieun dicarékan kolot, babakuna mah sieun diasupkeun ka pangbérokan. Da cék bapana, budak bangor mah sok dikerem di Tangerang. Antukna Jang Udin minggat nutur-nutur jalma saliwat, leumpang sakaparan-paran, datang ka balangsak di lembur batur.
Kembang Kadengda
BALAI Pengelolaan Taman Budaya (BPTB) medalkeun deui buku. Siga taun kamari, ieu buku medal ku jalan gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Nu béda téh ukur wanda jeung milihan naskahna. Taun kamari mah kumpulan sajak, taun ieu kumpulan carpon.