Dédé Sukmadi Dukat
Sabada tamat SMA di Kuningan, Dédé asup ka PGSLP (pendidikan guru keur sakola lanjutan). Satamatna ti dinya kungsi ngajar di SMP Negeri II Kuningan, tapi ngan sataun (1970-71). Sabab kataji hirup nyeniman, nulis, maén drama di Bandung, tapi éta ogé ngan tahan tilu taun (1971-73). Balik deui ka Kuningan jadi pagawé Séksi Kebudayaan Kandepdikbud (1973-79). […]
Dédé Syafrudin
Lahir di Bandung (6 Séptémber 1972), tamatan S-1 Fakultas Sastera Universitas Padjadjaran. Mulai nulis sajak Sunda dina Kalawarta Kudjang (1993), saterusna dimuat dina Mangle jeung Galura. Anggota Kelompok Studi Budaya “Rawayan” jeung Komunitas Dangiang. Sajakna dimuat babarengan jeung nu sejen dina antologi Nyurup Lambak (1995) jeung Antologi Puisi Sunda I (1997).
Dédén Abdul Aziz
Lahir di Cianjur, 28 Agustus 1972. Dédén téh pangarang Sunda entragan anyar, tapi karangan-karanganana méré nuansa béda dina pakumbuhan sastra Sunda. Nulis sajak, carpon éséy jeung novél, dimuat dina Manglé jeung Galura. Dédén gé sok nulis dina basa Indonésia deuih, dimuat dina Pikiran Rakyat, Republika, Media Indonesia, Suara Pembaruan jeung majalah sastra Horison.
Déni Hadiansyah
LAHIR di Manonjaya, 25 Séptémber 1981. Mimiti ngarang taun 1999, nulis sajak, éséy, carpon jeung laporan jurnalistik boh basa Sunda boh basa Indonésia. Éséyna kungsi dilélér Anugrah Budaya R. Soeria Dipradja ti Paguyuban Pasundan. Sapopéna jadi guru basa Sunda di SMAN 5 Bandung jeung SMA Yayasan Atikan Sunda Bandung. Sabulan sakali sok ngasuh acara “Ngamumulé Basa Sunda” di RRI Bandung.
Dhipa Galuh Purba
LAHIR di Ciamis, 25 Séptémber 1977. Ngaran aslina mah M. Sudama Dipawikarta, tapi duka kumaha mimitina bet jadi Dhipa Galuh Purba. Nulis carpon, sajak, éséy, drama, skénario dina basa Sunda jeung Indonésia. Karangan-karanganana kungsi dimuat dina Majalah Manglé, Seni Budaya, Kompak, Galura, Giwangkara, Kudjang, HU. Pikiran Rakyat, Galamédia, jeung sajabana.
Dian Héndrayana
LAHIR di Subang, 25 Pébruari 1971. Nulis éséy, carpon, sajak jeung dangding tur dimuat dina Manglé, Galura, Cupumanik, Kujang jeung Koran Sunda. Kungsi dilélér Hadiah Sastra LBSS taun 1999 jeung 2000. Bukuna nu geus medal di antarana Lalakon Bingbang (kumpulan carpon). Milu niténan kamekaran tembang Sunda, tur sakapeung sok milu ngahaleuang deuih. Kiwari keur ngahanca garapan musikalisasi sajak Sunda jeung ngokolakeun acara sastra Sunda di RRI Bandung.
Dodong Djiwapradja
Leuwih ti heula jeung leuwih réa nulis dina basa Indonésia. Sajakna dina basa Indonésia geus muncul dina taun 1948, di antarana aya anu dimuat ku H.B. Jassin dina Gema Tanahair (1948). Sanajan jumlahna nyukupan, tapi nepi ka kiwari sajak-sajakna tacan dibukukeun.
Dyah Padmini
Mulai ngamuatkeun guguritan katut éséy dina majalah Manglé jeung suratkabar Pikiran Rakyat sabudeureun taun 1990. guguritanana réa ngagambarkeun rasa kawanojaan sacara terus-terang, di sagigireun ngagambarkeun kadeudeuhna ka lemah caina, Tanah Sunda. Éséyna némbongkeun kaseukeut jeung kajembaran sawanganana.
Éddi Tarmidi
Waktu keur masih kénéh di Sakola Ra’yat, Éddi geus nulis dina basa Indonésia dimuatkeun dina rohangan barudak nu aya dina surat-surat kabar kayaning Harian Indonésia jeung Pikiran Rakyat. Tapi salian ti éta, sok nulis dina basa Sunda ogé dimuat dina suratkabar Sipatahoenan. Sabada jadi mahasiswa Gadjah Mada di Yogyakarta beuki aktif nulis dina […]
Éddy D. Iskandar
Roman-roman Éddy D. Iskandar kungsi jadi bacaan populér barudak rumaja di sakuliah Indonésia. Aya kana 70 judulna. Réa di antarana nu geus dijieun filem. Éddy pribadi réa nyusun skénario filem, kaasup sérial Si Kabayan nu cenah sukses sacara komérsial di Jawa Barat. Dina basa Sunda Éddy sok nulis sajak jeung carita pondok salian ti bahasan téh. Béda tina karya-karya dina basa Indonésia nu sipatna pop, tulisan Éddy dina basa Sunda mah serieus.