Ano Karsana
Ano Karsana mimiti muncul dina rohangan ”Manglé Rumaja”, majalah Langensari, Kalawarta Kudjang dina taun 1964. harita téh masih jadi murid SMP di Pameungpeuk. Aya sajak, carita pondok sakapeung bahasan. Dina basa Indonésia ogé sok nyerat dina rohangan remaja suratkabar Pikiran Rakyat, umumna mangrupa carita pondok. Ano kungsi narima Hadiah Sastra LBSS pikeun sajak-sajakna […]
Apung Supena Wiratmadja
APUNG banyak bercerita tentang Bandung dalam karya-karyanya yang anggun. Selain “Jangji Asih”, ada baiknya bukunya dangdingnya adalah Lagu Liwung Urang Bandung yang diterbitkan Kiblat Buku Utama, 2007. Buku lainnya adalah Sumbang Asih kana Tembang Sunda (1964), Kuring jeung Tembang Sunda (1996), dan Mengenal Seni Tembang (1996).
Asép Ganda Sadikin
Sabada lulus Sarjana Muda Pendidikan Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia IKIP Bandung sarta lulus ti Pendidikan Guru SLA (PG-SLA), taun 1980 Asép terus jadi guru SMA, mimiti di Ciledug, Tangerang, tuluy pindah ka Jakarta, ayeuna di SMA Negeri 12 Bandung bari ngajar ongkoh di SMA Muhammadiyah 4 Sayati, Bandung. Tulisan-tulisanana dina basa Sunda jeung Indonésia, […]
Asép Ruhimat
Alumnus Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI taun 1984. Mindeng nulis dina koran jeung majalah sarta kiwari keur resep nyieunan buku pangajaran basa Sunda keur barudak sakola. Mun sakalieun nulis, sakapeung sok “sésébréd”, siga basa ngiritik Paguyuban Pasundan. Kasebut guru basa Sunda, tapi nyentrik, resep udar-uder da puguh ngajégang jadi wartawan ongkoh. Nulis sawatara buku pangajaran Basa Sunda.
Asikin Hidayat
Sanajan geus ti keur di SMP jeung SPG ogé mindeng nulis carita pondok jeung sajak dina basa Indonésia dina majalah sakolana, tapi kakara sabada lulus SPG sok nulis dina basa Sunda mangrupa dangding, sajak jeung carita pondok. Mimitina dimuat dina Majalah Pendidikan Suara Daérah, ti taun 1985 sok dikirimkeun ka majalah Manglé.
Asikin dibabarkeun di […]
Béni Setia
Sanajan sajak-sajakna anu dina basa Sunda kakara medal dina antologi babarengan jeung nu lian nyaéta Antologi Puisi Sunda Mutahir (1980) jeung Saratus Sajak Sunda nu disusun ku Abdullah Mustappa (1992), tapi sajak-sajakna anu dina basa Indonésia geus aya anu dibukukeun antarana nu judulna Légiun Asing (1987) jeung Dinamika Gerak (1990) sarta ku lantaran kagiatanana nyipta sastra, kungsi dilélér Hadiah Sastra ku Pusat Bahasa (1989). Sajak-sajak Béni nu basa Indonésia réa dimuat dina antologi-antologi antarana Senandung Bandung (1981), Féstival Désémber (1981), Tonggak (1987) nu disusun ku Linus Surjad SG jeung lian-lianna.
Chyé Rétty Isnéndés
LAHIR di Sukabumi, 2 Désémber 1972. Sapopoéna ngajar di Jurusan Pendidikan Bahasa Daérah UPI. Nulis carpon, éséy jeung sajak dina basa Sunda. Bukuna, Kidang Kawisaya, dilélér Hadiah Sastra Rancagé taun 2002. Karanganana dimuat deuih dina buku Sajak Sunda dalam Dua Bahasa, Kanagan (kumpulan carpon pinilih Manglé), Heulang nu Ngajak Béngbat (antologi carpon & sajak PP-SS), Néangan Bulan (antologi sajak Taman Budaya), jeung Kembang Kadengda (antologi carpon, 2007).
Dadan Sutisna
Dijurukeun di lembur Pasirloa, pasisian Tanjungsari Sumedang, 22 Pébruari 1978. Mimiti ngarang ti keur SMP kénéh, tapi dikirimkeun ka média massa mah basa geus di SMU, taun 1995. Karanganana dimuat dina koran Kudjang, Manglé jeung Galura mangrupa carita pondok jeung carita nyambung.
Darpan
LAHIR di Karawang, 4 Méi 1970. Nulis carpon, sajak jeung éséy dina sawatara koran jeung majalah basa Sunda. Kungsi kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé 1999 keur bukuna Nu Harayang Dihargaan, Hadiah LBSS jeung Hadiah Samsudi jeung Hadiah D.K. Ardiwinata. Ayeuna matuh di Garut bari ngajar di SMPN 1 Pakénjéng. Milu ngokolakeun Komunitas Srimanganti di Garut bari ngayakeun rupaning kagiatan sastra keur barudak sakola.
Déddy Éfféndié
Salian ti sok nulis sajak Déddy sok ngalukis, kungsi jadi wartawan, ngasuh acara Puisi Sunda di Radio Arista, Bandung. Kungsi jadi redaktur mingguan Giwangkara, mingguan Rikat, majalah Scientiae, sarta jadi manager pamedal Orba Shakti di Bandung. Réa nulis buku bacaeun barudak, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia, antarana Nanan jeung Nonon (1983), […]