Indiana Jones

Carpon Sénny Suzanna Alwasilah

Tok…tok… tok… sora panto kamar aya nu ngetrok. Kuniang hudang.

Kulutrak pantona dibuka. Kacida reuwasna, basa di hareupeun panto aya lalaki jangkung badag ngabedega.

Thanks God, finally you are awake.” cenah bari nyekelan leungeun kuring.

Who are you?” cékéng reuwas. Tapi manéhna teu ngajawab kalah ka terus neuteup anteb. Nyéh seuri. Leungeunna ngagaramang nyampaan pipi. Ku kuring diképéskeun. Teu sudi dirampa pipi ku jelema anu kakara panggih.

“Geura sadar atuh Willie, Akang téh Indy. Dr. Indiana Jones. Pan urang nuju sasarengan maluruh jeung nalungtik barang-barang purbakala. Sok geura émut-émut.” cék manéhna pinuh ku rasa kadeudeuh.

“Indy? Indiana Jones?” sora kuring haroshos méh teu kadéngé. Asa inget-inget poho ka ngaran éta téh.

“Leres pisan, Akang téh Indiana Jones.” cenah bari ngusapan buuk kuring.

Who am I then?” cekéng bari neuteup. Manéhna ngarénghap panjang.

“Enéng téh Willie. Tadi Enéng kapiuhan alatan didagor ku pohpor bedil. Na teu émut kitu?” cenah bari nyekelan taktak kuring lalaunan.

“Didagor ku pohpor bedil? Ku saha? Naha ayeuna kuring bet aya di dieu?”

“Panjang pisan dongéngna mah, engké wé diobrolkeun lamun keur rinéh jeung lamun Enéng geus kumpul pangacian. Ayeuna mah kumaha carana sangkan urang leupas tina udagan tentara Mola Raam.” cenah daria naker.

“Indy… Jadi urang téh ayeuna aya di mana?” kuring panasaran.

“Willie, pan urang téh di India. Urang keur nyumput tina udagan Si Mola Raam anu rék ngarebut deui batu Sankara anu ku Akang diiwat ti manéhna.” cenah bari panon tetep mencrong ka luar.

“Di India? Batu Sankara? Mola Raam? Naha naon atuh anu keur karandapan ku urang téh?” pananya kuring murudul tina biwir anu garing. Tapi Indy teu ngarérét-rérét acan. Panonna anu seukeut waspada rurat-rérét ka luareun jandéla.

Gék kuring diuk sisi ranjang. Indy mah tetep ngajanteng sisi jandéla. Kuring neuteup manéhna sakedapan. Kasép geuning Indy téh. Awak jangkung dedeg, bulu dada leubeut lir leuweung geledegan. Topi anu tara leupas tina sirahna katémbong nambahan harisma. Emh, bagja bisa babarengan jeung manéhna. Jigana matak betah lamun ngangsaya dina dadana.

“Willie, anak buah Mola Raam datang!” Indy muyarkeun lamunan. Kuring cengkat muru jandéla, bener wé aya meureun saratus bala-tentara maraké jubah pulas hideung bangbara, lumpat muru tempat anu ku kuring dicicingan. Awak ngadadak rampohpoy, asa teu kuat nangtung-nangtung acan bakating ku sieun. Tapi Indy ngajéwang leungeun kuring bari terus metot muru kaluar. Bray panto muka, barang rék jrut turun, lima puluh bala-tentara Mola Ram geus aya di hareupeun. Kabéh aya dina posisi siaga bari nyekelan jamparing anu siap dibelesatkeun ka kuring duaan. Rét ka tukang. Dua puluh tilu tentara anu ranggéténg ku pakarang ngabaredega. Kuring duaan dikepung, euweuh deui jalan pilumpateun. Awak kuring ngulapés leuleus alatan soak, tapi Indy rikat nangkeup awak kuring anu geus teu walakaya. Nyaho geus teu bisa kabur deui, anak buah Mola Raam ngarerejeng kuring duaan asup ka hiji tempat anu geueuman, jiga-jigana mah guha. Témbokna mantulkeun echo sora pupujian saru jeung sora kendang anu teuing ti mana datangna. Jol ka hiji rohangan anu gedé, tentara Mola Raam kalawan bengis naker nyuntrungkeun kuring duaan ka hareupeun Mola Raam anu keur ngabedega jeung nulak cangkéng. Tuur karasa nyeri, neumbrag kana batu anu keusrak. Mola Raam seuri nyakakak, sorana handaruan matak keueung nu ngadéngé.

Welcome back, Dr. Jones. Where are the Sankaras? Eta batu lain milik anjeun tapi milik kuring, milik ‘Kali Ma’. Anjeun sabenerna bangsat anu maké kedok arkéolog. Di mana disumputkeunnana éta batu téh?” sorana ngageter pinuh amarah. Indy teu némbalan. Paromanna némbongkeun rasa ijid.

“Bring the girl inside!” Mola Raam ngajorowok. Kuring digusur dibawa ka hiji rohangan. Kuring tambah ngeleper, jajantung tatalu tarik naker. Teu kasawang naon deui anu bakal karandapan ku kuring ayeuna.

“Indy, help me!” kuring teterejelan, tapi tanaga dua lalaki leuwih kuat batan tanaga kuring anu geus lungsé. Kaciri Indy dicerek, leungeunna ditalian. Manéhna teu walakaya komo bari kudu nulungan kuring mah. Késang tiis ngucur tina sakujur awak basa baju kuring dilaanan. Kancing baju dibukaan hiji-hiji, erok diporosotkeun, kuring bulucun, tinggal kutang jeung calana jero anu masih nerap na awak. Maranéhna kumétap jiga ucing nénjo lauk emas beunang ngagoréng. Ragamang nu saurang nyekel taktak. Nu saurang deui ngusapan awak, karasa leungeunna keusrak. Awak nu keur leuleus dak dumadak jagjag. Tanaga datang lantaran amarah ngagugudag jeroeun dada. Teu… teu sudi awak kuring dirogahala ku lalaki goréng patut jiga kitu. Crot kuring nyiduh kana beungeutna. Manéhna muncereng. Kaprot, kaprot, ramona anu hideung jeung keusrak nampiling pipi kuring. Karasa peureus jeung peurih. Aya getih ngeclak tina tungtung biwir anu soéh.

“Bawa éta awéwé téh kaluar! Ganti bajuna. Sakeudeung deui rek dijadikeun tumbal dina upacara Thugee.” sora hiji lalaki maréntah. Ngadéngé rék ditumbalkeun awak jadi lungsé deui. Haté ngaleketey. Jurulung cipanon kaluar. Hapunten abdi Gusti. Jigana mung dugi ka dieu umur abdi. Pami leres tos waktosna mah abdi réla badé dipundut ogé. Kuring pasrah. Ku éta dua lalaki, kuring dibajuan baju pangantén pulas bodas, awak jeung buuk dirarangkénan ku rupa-rupa kekembangan.

“Asupkeun kana karamba, talian leungeunna.” Mola Raam maréntahkeun anak buahna. Indy masih dicangcang, manéhna ukur bisa neuteup kuring pinuh rasa honcéwang. Kuring diasupkeun kana karamba beusi. Leungeun dicangcang. Kendang anu tadi ditabeuhan, sorana beuki narikan pacampur jeung réangna sora mantra-mantra. Kuring geus pasrah kana naon waé anu karandapan, kuring nyanggakeun ka nu Kawasa da bongan kuring maké daék dibawa ku Indy ka tempat sarupa kieu.

“Buka balongna!” sora Mola Raam ngajelegér kana ceuli. Bray panto balong di éta rohangan muka, kaciri getih beureum ngagolak umpal-umpalan, panasna ngahéab kana awak.

“Dr. Jones, lamun anjeun keukeuh embung nyebutkeun di mana éta batu Sankara milik kuring, ieu awéwé rék diasupkeun kana balong getih anu panas.” Mola Raam mencrong ka Indy. Tapi Indy teu ngomong sakemék-kemék acan, ukur matana anu seukeut malik neuteup pinuh ku rasa kaceuceub.

“Indy! Indiana! Please help me!” sora kuring méh teu kadéngé lantaran éléh tarik ku sora kendang anu terus patembalan. Gubrag, awak kuring anu geus aya dina jero karamba dialungkeun kana balong. Héab panasna nyongkab asa di jero naraka. Lalaunan karamba diturunkeun maké érétan ka jero balong. Késang ngucur tina sakujur awak. Panasna getih anu ngagolak karasa bau hangru. Rujit pisan. Kuring geus teu daya teu upaya, sametér deui awak bakal teuleum kana jero getih anu keur umpal-umpalan. Satengah sadar kuring masih gogorowokan ménta tulung.

“Indy…! Indiana…! Release me, please! Don’t let me die!” sora beuki haroshos. Tapi ahirna kuring réla dikunclungkeun kana sagara getih panas demi Indy jeung demi panalungtikan barang-barang purbakala keur kamajuan jaman. Tapi dadak sakala aya leungeun ngagaramang nyekelan puhu leungeun kuring.

“Indy?” cekéng pinuh ku tanda tanya.

“Muhun ieu abdi.” cék sora anu karasa wawuh pisan kana ceuli.

“Indy… Indiana?” kuring cengkat.

“Ieu abdi. Ku naon ti tatadi Ibu gogorowokan nyalukan nami abdi waé?”

“Anaking, Indiana… Ibu ngimpen ngalalana sareng Dr. Jones. Bieu téh Ibu aya di India, rék digebruskeun kana sagara getih anu panas. Alhamdulilah ku hidep digeuingkeun. Lamun henteu, Ibu meureun geus taya dikieuna.” kuring seuri.

“Ah Ibu mah. Saur abdi gé tong nongton waé, mani teu aya kabosen nongton film Indiana Jones téh. Jigana Ibu mah langkung cinta ka Dr. Jones batan ka Apa, nya?” cenah bari ngaléos semu keuheul.

“Indy… Indiana… Ka dieu heula bageur, Ibu aya piobroleun.” Cekéng. Tapi Indy teu ngalieuk-lieuk acan. Tonggoy wé leumpang ninggalkeun kuring sorangan di kamar.***

Bandung, Januari 2004

Komentar

Ngintunkeun Komentar