Kembang Kadengda

Judul: Kembang Kadengdang
Pangarang: Ai Koraliati, spk
Penerbit: Balai Pengelolaan Taman Budaya rukun gawé jeung PP-SS
Taun Terbit: 2007

Kembang KadengdaBALAI Pengelolaan Taman Budaya (BPTB) medalkeun deui buku. Siga taun kamari, ieu buku medal ku jalan gawé bareng jeung Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS). Nu béda téh ukur wanda jeung milihan naskahna. Taun kamari mah kumpulan sajak, taun ieu kumpulan carpon.

Dina sastra Sunda, buku nu kagolongkeun kana antologi carpon téh geus kawilang euyeub, boh nu ngarangna sorangan boh babarengan. Nu dikarang babarengan ti antarana Sawidak Carita Pondok (PT Manglé Panglipur, 1982), Ti Pulpén tepi ka Pajaratan (Kiblat, 2002), Kanagan (Geger Sunten, 2003), jsté.

Ieu buku gé eusina diréréyang ku limawelas pangarang. Keur nangtukeun pangarang nu karyana baris dimuat dina ieu buku, méméhna BPTB nyieun heula pasanggiri—béda jeung antologi sajak Néangan Bulan nu dipilihan ku éditor. Tina naskah nu milu pasanggiri téh terus dipilih 15 judul, ari nu meunteunna Étty R.S., Téddy A.N. Muhtadin jeung Dadan Sutisna.

Nu miluan éta pasanggiri téh diwatesanan, umurna teu meunang leuwih ti 45 taun. Cék haréwos ti panitia, keur méré kasempetan pangpangna ka nu ngarora, ngarah nu pangarang nu karyana dimuat dina ieu buku téh lain “éta- éta kénéh”. Enya waé aya nu ngurunyung dua-tilu pangarang mah, najan nu séjénna lain pangarang anyar.

Nya kapilih 15 naskah beunang 15 pangarang: “Kembang Bakung Ti A Utung” (Ai Koraliati), “Néng Adang: Brigade Citarum Bayangan” (Chyé Rétty Isnéndés), “Sapi Jeung Medali” (Darpan), “Kingkilaban” (Déni Hadiansyah), “Angling Asih” (Dhipa Galuh Purba), “Lagu Longkéwang” (Dian Héndrayana), “Suster Ngésot Milu Maén” (Ériyandi Budiman), “Jing Tang Tong” (Hérmawan Aksan), “Siti Jadi TKW” (Lugiena Dé), “Konéng Deui, Konéng Deui” (M. Malik), “Lagu Cinta Jeung Sajabana” (Nazaruddin Azhar), “Caah” (Risnawati), “Nu Nyalangkrung di Cibitung” (Sarabunis Mubarok), “Goool!” (Wasta Ai), jeung “Puraga Tamba Kadengda” (Wébi Alisan).

Komentar

Ngintunkeun Komentar