Gunem Rencep Sidem
Kénging Enas Mabarti, Prolog Hawé Setiawan, Épilog H. Usép Romli H.M., 100 kaca, Rp. 16.000,-, Kiblat Buku Utama, 2004
Gunem Rencep Sidem téh buku kadua beunangna Enas Mabarti anu dipedalkeun ku penerbit Kiblat buku Utama, sabada Élmu Politik Keur Warga NU (Kiblat Buku Utama, 2003). Dina Élmu politik Keur Warga Nu, nu dipedar téh masalah politik, ariGunem Rencep Sidem mah kumpulan prosa lirik. Lian ti eusina, gaya basana gé béda.
Ieu buku midangkeun 26 judul runtuyan prosa lirik anu kungsi dimuat majalah Manglé taun 1970-an. Payus upama éta buku dijudulan Gunem Rencep Sidem téh, sabab sasatna aya nu keur ngagerendeng paguneman, pinuh tibelat, antara “abdi” jeung tokoh ciciptan anu disebut “jungjunan”. Najan teu sagemblengna éta tokoh téh mangrupa tokoh ciciptan, sabab jéntré pisan yén nu dimaksud “jungjunan” di dieu téh nyaéta Kanjeng Nabi Muhammad S.A.W.
Nu dipedar téh lalampahan sapopoé nu ngarangna, kaasup pangalaman jarah ka tanah suci. Éta lalampahan téh ditulis ku nu ngarang novélét “Sri Sunarsasie” ieu kalawan malasipah tur réligius. Lian ti ngeuyeuban hasanah sastra Sunda dina wangun prosa lirik, eusi caritana gé éstu loba pisan pulukaneunana, bari ngajak padungdengan ka nu maracana deuih. (él-Hijar)
Komentar
Ngintunkeun Komentar