Buméla ka Bangsa
Buméla ka Bangsa Biografi R.S. Hardjapamekas, dicaritakeun ka Tatang Sumarsono, disundakeun ku Dadan Sutisna, 202 kaca, Rp. 35.000,-, Kiblat buku Utama, April 2005.
Buméla ka Bangsa téh buku biografina R.S. Hardjapamekas. Eusina medar pangalaman anjeunna nu nyorang jaman Walanda, jaman fasismeu Jepang, jaman kamerdékaan jeung jaman sabada kamerdékaan. Karirna dimimitian tina jadi pagawé pamaréntahan, tuluy jadi guru. Parobahan karir kitu téh, keur Pa Hardja mah minangka tarékah pikeun buméla jeung babakti ka bangsa.
R.S. Hardjapamekas téh pituin urang Cianjur, lahir tanggal 23 Séptémber 1913, putra ka-11 ti kulawarga pangsiunan wadana Warungkondang, Cianjur, R. Kanduruan Hardjadisastra jeung R. Ratnamirah Suranagara. Meunang atikan ti HIS (di Tasik tur diteruskeun di Ciamis), Mulo B di Bandung, jeung AMS B di Jakarta. Kungsi sakola di GHS (Sakola Luhur Kadokteran di jaman kolonial).
Dina Buméla ka Bangsa, nu dimimitian ku “Bandung Sabada Proklamasi”, R.S. Hardjapamekas ngaguar lalampahanana. Nu diguarna téh di antarana nyaritakeun suasana bungahna rahayat dina poéan Indonésia merdéka. Harita anjeunna téh keur mancén tugas jadi camat Kota Bandung Wétan. Nya harita kénéh anjeunna ngimpleng piléngkaheun dina raraga babakti ka lemah cai téa. Dina keretegna, tangtu baé léngkahna téh kudu puguh jugjuganana.
Tina tilu puluh tilu bagian carita nu midang dina buku ieu, puguh baé loba pulukaneunana mah. Nu maca lian ti bakal terang kana kaayaan jaman baheula, bisa metik mangpaat tina prinsip deuih, sawangan jeung lalampahan hirup salah sahiji urang Sunda.(Ibnu Hijar Apandi)
Komentar
Ngintunkeun Komentar