Budak Teuneung

Bacaan Barudak Kénging Samsoedi

buku-budak-teuneung.jpgKahirupan Warji, budak yatim umur sawelas tahun, kacida balangsakna, katurug-turug deuih ku barudak papantaranana remen dijailan, pangpangna ku Si Begu jeung Si Utun.
Dina hiji poé, Warji nulungan anak lurah anu tigebrus ka sumur burung di kebon awi. Ti kajadian harita, anak lurah téh jadi malik nyaah ka Warji. Ku Pa Lurah, manéhna dijeujeuhkeun jadi tukang ngangon munding. Ari peutingna, Warji sok diajar maca jeung nulis ka Asép Onon.

Ari Si Begu jeung Utun mah beuki teu eucreug, tepi ka ahirna jadi bangsat gerot. Basa Si Begu jeung Utun keur babagi duit hasil ngarampog, kaperego ku Warji.

Kiblat Buku Utama, Citakan V, 2002; 14,5 x 21 cm.; 56 kaca; Rp 7.000,-

Komentar

Ngintunkeun Komentar