Babalik Pikir

Bacaan Barudak Kénging Samsoedi

buku-babalik-pikir.jpgKawantu budak ngan hiji-hijina, Si Eméd diogo ku indungna. Ari tabéatna bengal kabina-bina, ka kolot sok bahula, ana dititah kacida liwarna. Dasar budak basangkal, remen migawé lampah salah, Si Eméd téh dina pamustunganana mah nepi ka dikerem di pangbérokan sagala. Tah, nya ti harita Si Eméd babalik pikir, hayang ngeureunan kasalahan, éling di bebeneran.

Kitu leuwih kurangna mah lalakon Si Eméd nu didongéngkeun dina Babalik Pikir téh. Lebah ngarang carita barudak mah Samsoedi téh manukna.

Kiblat Buku Utama, Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm.; 72 kaca; Rp 8.500,-

Komentar

1 Komentar kana seratan “Babalik Pikir”

  1. afifi | 23-04-2009, 09:36:18

    dimana tiasa milarian buku2 sunda

Ngintunkeun Komentar