Ayang-Ayang Gung
Petikan Surat-Surat 1980-1986
Beunang Ajip Rosidi, dipanganteuran ku H. Usép Romli H.M., 312 kaca, Rp. 55.000,-, Kiblat Buku Utama, 2004
Ayang-Ayang Gung téh buku nu ngamuat surat-surat Ajip Rosidi nu ditulis taun 1980-1986. Eusina ngungkab kalawan gemet kaayaan mangsa muncakna kakawasaan rézim Ordeu Baru.
Dina ieu buku Ajip nyaritakeun gerentes batinna ka sawatara tokoh umat Islam pangpangna anu keur katideresa, alatan sikep pulitik anu papalingpang jeung rézim Ordeu Baru. Sawatara tokoh Islam nu diajak ngawangkong dina surat téh ti antarana K.H. Endang Saifudin Anshari, M.A., K.H. Joséf C.D., K.H. Dr. EZ. Muttaqien, K.H. Afandi Ridhwan, jeung Mr. H. Sjafruddin Prawiranegara.
Béda jeung buku-buku Ajip saméméhna anu ngamuat surat-surat pribadina, Ayang-Ayang Gung mah mangrupa kumpulan surat-surat Ajip anu Islami. Kaasup surat-suratna anu ditujulkeun ka tokoh-tokoh séjénna saperti surat ka H. Ali Sadikin, Ramadhan K.H., Tinés (geureuhana Ramadhan K.H.), atawa Abdullah Mustappa, eusina tetep teu lésot tina nuansa kaislaman.
Dina enas-enasna mah Ayang-Ayang Gung téh minangka pangéling-ngéling ka umat Islam sangkan bisa ngoréksi diri, ngahudangkeun kasadaran, jeung ngoméan kaayaan, sangkan umat henteu bengkah.(él-Hijar)
Komentar
2 Komentar kana seratan “Ayang-Ayang Gung”
Ngintunkeun Komentar
Maca ayang-ayang gung, kataji ku kawani bapa ajip rosidi. Ku panganteurna nu ditulis ku pa haji usep romli, kataji deuih. Pepel munel pinuh ku pangaweruh. Paingan ku pa ajip dipuji. Dina buku hidup tanpa ijazah pa ajip nyebatkeun, panganteur pa haji usep kana ayang-ayang gung “bagus” (hal.1170). Dunya sastra sunda kudu bangga gaduh pangarang samodel pa ajip rosidi sareng pa haji usep romli nu sakitu hebatna.
aya nu teurang alamat blog-na bapa ajip rosidi?