Ajalna Sang Béntang Pilem

Kumpulan Carita Detéktif Duduh Durahman

buku-ajalna-sang-bentang-pi.jpgÉrlan Digjaya, béntang pilem sohor, kasampak geus jadi mayit di WC bioskop. Saha nu maténi Sang Béntang Pilem? Naon kasang tukangna?

“Ajalna Sang Béntang Pilem”, salah sahiji carita nu dimuat dina ieu buku. Sawelas carita séjénna, moal éléh ramé, éstuning matak pogot. Pangarangna geus moal bireuk deui, da puguh welasan taun ngasuh rohangan fiksi di majalah Manglé.

Carita detéktif dina ieu buku, méré pedaran ngeunaan panalungtikan kasus-kasus kriminal. Ditulis ku basa nu hirup, tapis dina ngulinkeun logika.

Citakan I, 2004; 14,5 x 21 cm; 140 kaca; ISBN 979-3631-14-7; Rp 23.000,-

Komentar

Ngintunkeun Komentar