Ruhaliah
Unggal aya acara PPSS di Padépokan Seni Jawa Barat, Ruhaliah mah tara kungsi absén. Éta deuih, nu matak bungah saréréa (pangpangna pikeun nu karumisan), Ibu Dosén téh sok bari ngagiringkeun nu ditariung. Mahasiswa-mahasiswi dikeprik sina nyakséni pedaran sastra Sunda dikokolakeun PPSS. Lahir di Bogor tanggal 10 Nopember 1964. Mimiti diajar ngarang teh dina buku harian, ti keur di SPG kénéh. Lantaran sieun kabaca ku batur, nulis téh maké aksara Arab (sanggeus jadi mahasiswa kakara nyaho yén nu kitu téh aksara Pégon). Keur mahasiswa sok rajeun nulis carpon jeung sajak, tapi tara dikirimkeun. Tepi ka kiwari éta tulisan téh aya kénéh, dikumpulkeun (jigana mah éngkéna bakal dianggap naskah).
Kungsi wani ngirimkeun artikel, tapi teu dimuat.Ti harita, tulisan teh ngan ukur bacaeun sorangan. Kakara dina taun 2000 aya kawani ngirimkeun deui tulisan téh, ka Mangle. Kabeneran langsung dimuat. Nya meureun ti harita diajar jadi “pengrajin” carpon téh. Ti keur leutik geus resep maca, nepi ka sagala dibaca. Éta “pangabeuki” téh karasa mangpaatna, lantaran beuki dieu beuki loba nu kudu dibaca teh. Komo ayeuna mah, lantaran katalian keneh ku status “kolot sakola” (ari nu disebut budak sakola mah meureun kudu budak kénéh). Tapi ayeuna geus réngsé, di S-3 BKU Filologi di UNPAD.
Salian ti “beuki” maca, resep ngojay, ngibing, silat, pramuka, téater, jeung sawatara kagiatan lianna nu aya patalina jeung ulin. Ngan sanggeus kuliah mah éta kagiatan teh rada dikurangan. Ayeuna mah kari ulinna nu masih kénéh dikeureuyeuh téh. Ulin nu rada “ilmiah”, aprak-aprakan miluan séminar. Kungsi midangkeun makalah di Padang dina simposium internasional, jeung di Jakarta di tingkat nasional.
Komentar
Ngintunkeun Komentar