Déddy Éfféndié

Salian ti sok nulis sajak Déddy sok ngalukis, kungsi jadi wartawan, ngasuh acara Puisi Sunda di Radio Arista, Bandung. Kungsi jadi redaktur mingguan Giwangkara, mingguan Rikat, majalah Scientiae, sarta jadi manager pamedal Orba Shakti di Bandung. Réa nulis buku bacaeun barudak, boh dina basa Sunda boh dina basa Indonésia, antarana Nanan jeung Nonon (1983), Kijang dan Harimau (1983), Kisah Burung Dewata (1984). Buku kumpulan sajakna dina basa Sunda geus aya dua: Kalakay Jukut Riut (1981) jeung Batu (1990).

Deddy dibabarkeun di Bandung (30 Juli 1955), mimiti resep ngarang sabada sok meulian buku ti toko buku ”Sukaasih” nu akina, A.I. Sukandi taun 1965. Tulisanana dina basa Sunda jeung Indonésia dimuat dina média massa anu medal di Bandung jeung Jakarta. Deddy jadi anggota Kelompok Studi Sastra Bandung (KSSB), jadi ketua munggaran Himpunan Penulis Muda Jawa Barat ”Lontar”, sok ngeusian acara Sastra RRI Studio Bandung.

Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)

Komentar

Ngintunkeun Komentar