Darpan

pang-darpan.jpgLAHIR di Karawang, 4 Méi 1970. Nulis carpon, sajak jeung éséy dina sawatara koran jeung majalah basa Sunda. Kungsi kasinugrahan Hadiah Sastra Rancagé 1999 keur bukuna Nu Harayang Dihargaan, Hadiah LBSS jeung Hadiah Samsudi jeung Hadiah D.K. Ardiwinata. Ayeuna matuh di Garut bari ngajar di SMPN 1 Pakénjéng. Milu ngokolakeun Komunitas Srimanganti di Garut bari ngayakeun rupaning kagiatan sastra keur barudak sakola.

Komentar

4 Komentar kana seratan “Darpan”

  1. alfian isnan | 24-10-2008, 10:07:05

    oh..nembe terang bapa teh lalakon panulis sunda. heu…

  2. Yesi Novia sareng Uswah | 24-10-2008, 11:51:47

    AssLm,,_
    bapak,,_ Ieu sareng siswi XI IPA 1 SMAN 1 TArogong Kidul.._

    WAssalam,,_

  3. futi sareng tanti | 28-10-2008, 02:37:01

    eh aya bapa geuningan .

  4. CECE HIDAYAT LEUTIK | 30-01-2009, 07:59:53

    Pan, hampura can bisa paamprok jonghok, teu kaparengkeun bae. Akang teh kamari-kamari kabancen, mun jelema mah gering meureun. Teuing kunaon, bet awak laleuleus bae, hayang ngalungsar atawa ngedeng wae. Eta lalakon teh meh sabulan campleng. Teuing tina darah tinggi meureun, da puyeng wae jeung panon asa lalanjung, karasana teh asa napak asa henteu. Atuh lalakon nyieun buku pesenan Kang Rahmat tea,kateug. Kakara anggeus 4 bab. Ari dedlinna pan geus beak. Kumaha atuh ? Mun teu kaburu keun urang tunda we atuh hancengan Akang mah. Tapi ari nu Darpan mah teruskeun we. Ke bagian Akang mariksa jeung meunteunna, sugan. Sakali deui,hampura. Eta deuih, telepon bet ku hanteu make diblokir geus dua bulan, rumasa can mayar, da danana ku Juragan Odji ti Disdik disetop,janten teu kabedag mayar.He…he..heh !

Ngintunkeun Komentar