Béni Setia
Sanajan sajak-sajakna anu dina basa Sunda kakara medal dina antologi babarengan jeung nu lian nyaéta Antologi Puisi Sunda Mutahir (1980) jeung Saratus Sajak Sunda nu disusun ku Abdullah Mustappa (1992), tapi sajak-sajakna anu dina basa Indonésia geus aya anu dibukukeun antarana nu judulna Légiun Asing (1987) jeung Dinamika Gerak (1990) sarta ku lantaran kagiatanana nyipta sastra, kungsi dilélér Hadiah Sastra ku Pusat Bahasa (1989). Sajak-sajak Béni nu basa Indonésia réa dimuat dina antologi-antologi antarana Senandung Bandung (1981), Féstival Désémber (1981), Tonggak (1987) nu disusun ku Linus Surjad SG jeung lian-lianna.
Sajakna réa dimuat dina ruangan sastra suratkabar Berita Buana, Pikiran Rakyat, Sinar Harapan, majalah Horison jeung lian-lianna. Ari nu basa Sunda mimitina dimuat dina suratkabar Sipatahoenan taun 1970-an, tuluy sumebar dina majalah-majalah Manglé, Kania, jeung Galura. Salian ti nulis sajak, Béni ogé sok nulis carita pondok, di antarana aya anu dimuat dina Sawidak Caritapondok anu disusun ku Abdullah Mustappa saparakanca (1983).
Béni dibabarkeun di Soréang, Bandung (1 Januari 1954). Satamatna ti SPMA (Sekolah Pertanian Menengah Atas) henteu jadi patani atawa penyuluh pertanian, tapi icikibung dina dunya kasenian.
Ku lantaran kajodokeun ka urang wétan, ayeuna Béni matuh di Madiun hirup tina ngarang.
Sumber: Sajak Sunda (Kiblat Buku Utama, 2007)
Komentar
Ngintunkeun Komentar