Asép Ganda Sadikin

Sabada lulus Sarjana Muda Pendidikan Jurusan Bahasa dan Sastra Indonésia IKIP Bandung sarta lulus ti Pendidikan Guru SLA (PG-SLA), taun 1980 Asép terus jadi guru SMA, mimiti di Ciledug, Tangerang, tuluy pindah ka Jakarta, ayeuna di SMA Negeri 12 Bandung bari ngajar ongkoh di SMA Muhammadiyah 4 Sayati, Bandung. Tulisan-tulisanana dina basa Sunda jeung Indonésia, mimiti muncul taun 1974, dina Manglé, surat­kabar Pikiran Rakyat, Giwangkara, Suara Daérah, Panji Masyarakat jeung lian-lianna. Taun 1986, Asép lulus ti Fakultas Pendidikan Bahasa dan Seni IKIP Bandung.

Waktu mahasiswa aktif di IPMI (Ikatan Pérs Mahasiswa Bandung) Cabang Bandung, jadi réporter Siaran Mahasiswa RRI Stasiun Bandung, Kampusiana Radio Sonata 47 jeung Warung Kopi Mahasiswa Radio Mara (1977-79).

Kungsi nulis buku pangjaran Panduan Belajar Aktif Bahasa dan Sastra Indonésia untuk SMU.

Komentar

3 Komentar kana seratan “Asép Ganda Sadikin”

  1. Yatub R. Awaliah | 17-01-2008, 02:46:22

    Pak Asep Ganda Sadikin… salut… sanaos sibuk janten kepala SMAN 1 Ciamis oge tetep aktif nulis& ngarang buku… tapi kunaon ayeuna mah janten langki nyerat dina surat kabar????
    Carpon anu pang dipikaresep kengeng pa asep nyaeta carpon “HAKIM” nu dipedalkeun dina surat kabar (hilap deui)… dina eta carpon nyaritakeun tingkah laku sakadang peucang anu jadi hakim… tingkah lakuna anu sombong, resep korupsi, kkn jeung hayang untung sorangan…

  2. Yatun R. Hasbullah | 19-01-2008, 12:07:27

    Aduh… punten ningan biodatana kirang uptodate…..
    apan ayeuna mah tos janten Kepsek SMAN 1 Ciamis….
    punten digentos…. he….

    — Ti Dapur PP-SS —–
    Hatur nuhun Néng Yatun kana informasina. Kantenan, datana sapalih mah masih keneh nu kapungkur. Nanging nuju dikeureuyeuh dipaluruh deui ayeuna, supados langkung enggal. Samentawis mah daftaranana heula we, da meryogikeun waktos. Mangga ka nu sanesna bilih aya nu gaduh informasi perkawis pangarang Sunda, diantor.

  3. Dede Lesmana | 24-06-2008, 05:45:01

    Ass Pak Asep Ganda,Pribados murid salira basa di SMA Pangandaran angkatan 2004 reueus gaduh kepala sakola sapertos anjeuna,haturnuhun kana sagala piweujang ti Bapak,salam katineug ti pribados.

Ngintunkeun Komentar