Ai Koraliati
Lahir di Garut, 28 April 1965. Tacan lila kurang-karangna téh, kakara taun 2000-an, tapi sawatara carponna kungsi lélér hadiah Carpon Pinilih Manglé, jeung hadiah ti LBSS. Atuh dina Pasanggiri Novélét Bacaeun Barudak nu diayakeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda, novélét “Catetan Poéan Réré” beunangna dilélér pinunjul harepan. Sapopoéna ngasuh barudak di SMP 1 Lémbang Kabupatén Bandung, da apan Ai téh guru.
Bukuna nu geus medal di antarana Catetan Poéan Réré (Grasindo, 2007) jeung carponna aya nu dimuat dina antologi Kembang Kadengda (2007).
Komentar
1 Komentar kana seratan “Ai Koraliati”
Ngintunkeun Komentar
Ass. sim kuring Rani ti jurusan Basa Sunda UPI. Sim kuring panasaran hoyong tepung lawung amprok jonghok. Sim kuring kataji ku sumangetna, sok sanaos anjeuna ngawulang nanging kabujeng keneh kana tulas-tulis. Ningali nu sanes mah bujeng-bujeng kedah nyerat, repot weh ku murangkalih didik. Upami diwidian mah sim kuring hoyong diajar nyerat boh carpo, jsb. HaturnUHUN.wSS.