Aan Merdeka Permana

pang-aan-merdeka-permana.jpgAan nu lahir di Bandung (16 November, 1950) kungsi diajar basa Jepang di Akademi Bahasa Asing Bandung tapi teu cucud. Sapopoena jadi wartawan tabloid Galura. Karanganana basa Sunda mimiti dimuat dina Mangle (1967) tuluy sina Garuda. Kungsi meunang hadiah dina pasanggiri ngarang carita pondok Sunda nu diayakeun ku Yayasan Kudjang Putra, Bandung (1968).

Buku-bukuna nu basa Sunda nu kungsi medal, rereana carita pikeun bacaeun barudak, antarana Kedok Tangkorek (1986), Jalma nu Ngarudag Cinta (1986), Andar-andar Stasion Banjar (1986), Muru Tanah Harepan (1987), Nyaba ka Leuweung Sancang (1990), Tanah Angar di Sebambam (1987), Paul di Pananjung, Paul di Batukaras (1996), Si Bedegong (1999), Silalatu Gunung Salak (6 episode, 1999—2001). Nu dina basa Indonesia, antarana Anak Laut Kembali ke Laut (1983), Memburu Harta Karun Peninggalan Jepang (1986), Menjelang Bandung Dibakar (1986), Hijaunya Pucuk Teh (1986), Di Puncak Gunung Manglayang (1986), jll.

Komentar

4 Komentar kana seratan “Aan Merdeka Permana”

  1. ocson | 11-02-2008, 04:30:56

    biografi seperti ini sangaaat membantu dan memudahkan dalam mencaarinya. Terus tingkaaatkan hal seperti ini.

  2. ocson | 11-02-2008, 04:34:44

    biografi seperti ini sangaaat membantu dan memudahkan dalam mencaarinya. Terus tingkaaatkan hal seperti ini.

    Aan permana sangat baik seperti terus memproduksi buku - buku bahasa sunda.

  3. arief | 22-05-2008, 10:19:33

    buku-buku yang ditulis Aan Permana sangat baik. buku basa sundanya sangat bagus. tigkatkan terus!

  4. Enang Rokajat Asura | 21-07-2008, 01:52:40

    Assalamualaikum wr.wb.
    Kang Aan, masih emut ka abdi ?
    Iraha urang ngariung deui, asa sono.

Ngintunkeun Komentar