Ti PP-SS keur 70 Taun Ajip Rosidi

Dikempelkeun ku Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda
http://ppss.or.id


AAN MERDÉKA PERMANA (pangarang, manten wartawan Galura):
Muga-muga Kang Ajip téh terus tukuh dina miara hirup-huripna bacaan Sunda bari ngabaladah jeung narékahan sangkan urang Sunda jadi nyunda.

ACÉNG ABDULLAH, Drs.M.Si. (ketua Alumni LISES & dosen Fikom Unpad)
Ajip Rosidi téh sosok langka urang Sunda. Nya budayawan nya inteléktual. Konsistén kana pamadegan nanjeurkeun budaya lokal di tingkat global.

ACÉP IWAN SAIDI (penyair, Dosen FSRD ITB):
Ajip Rosidi adalah sosok manusia Sunda yang langka. Kritiknya keras, tajam, dan argumentatif. Dengan cara itu ia mencintai kebudayaan, terutama kebudayaan Sunda. Perhatiannya yang luar biasa terhadap kebudayaan juga dibuktikan dengan hadiah Rancage yang diberikannya kepada sastrawan/budayawan yang berprestasi. Ajip adalah laut yang bergejolak, gelisah, dan terus meronta memikirkan nasib kebudayaan Sunda. Sayangnya kebanyakan orang Sunda lebih suka menjadi situ; tenang, mapan, dan tentu lebih sempit dibandingkan laut. Itulah kiranya yang menyebabkan Ajip tidak mau menetap di tanah Sunda pada masa tuanya. Selamat ulang tahun, Pak, Teruslah menjadi laut !

ACÉP ZAMZAM NOOR (penyair, pelukis):
Ajip Rosidi adalah bukti dedikasi dan konsistensi. Dia bekerja dan berkarya dengan hati.

ADANG S. (pangarang, pupuhu Caraka Sundanologi)
Nu janten modalna resep maca. Nalika Kang Ajip di SD kénééh, artos kanggo jajan téh dikempelkeun kanggo ngagaleuh buku.

ADJIE ÉSA POÉTRA (seniman musik, guru vocal):
Pandangan kesundaan Ajip Rosidi yang arif dan egaliter membuat saya ingin mengimplementasikannya dengan mengganti nama Propinsi Jawa Barat menjadi Propinsi Sunda.

AHDA IMRAN (wartawan Pikiran Rakyat)
Ajip Rosidi téh sosok nu teu sieun jadi Malin Kundang dina maluruh jeung mariksa naon-nanon nu salila ieu dipercaya jadi sajarah Sunda. Sajarah mah kudu ngajadi, lain ngan ukur jadi. Dina ieu sual, AR lain hileud peuteuy tapi Malin Kundang nu teu sieun dikutuk sajarah jadi batu. Sajarah nu teu ngajadi tapi ngan ukur jadi, dipupusti jiga berhala. Justru éta sajarah nu jadi batu tur ngabatu mah. Hanjakal tacan aya deui nu ludeung jadi Malin Kundang jiga AR. Wilujeng 70 tahun, Kang Ajip.

AI KORALIATI (pangarang, Guru SMPN Lembang)
Basa carpon kuring Kamar Pangantén dimuat dina cupumanik, kakuping Kang Ajip muji majarkeun, “Alus carpon téh. Saha budak téh ?” pokna ka Hawé Setiawan. Ngan sakitu, tapi éta kalimah pohara gedé peurahna keur kuring mah, asa dipuji ku leuwih ti sarebu urang. Ti dinya pisan kuring gedé haté hayang tuluy ngarang téh. Nuhun, Kang Ajip ! Éta kalimah téh mutiara, mugi sing janten amal soléh. Wilujeng, mugi Akang panjang yuswa.

AMING D. RACHMAN (pelukis, Kurator Galeri Kita):
ARARARARARARARARARARARARARARARARARARARAR ARARARARARARARARARAR

ARARARARARARARARARAR

ARARARARARARARARARAR

ARARARARARARARARARAR

ARARARARARARARARARAR


AOM KOÉSMAN KARTANAGARA (seniman, aktor):
Ti keur budak kénéh, jenengan Kang Ajip Rosidi téh teu bireuk deui pikeun kuring mah. Kareueus téh nambahan barang terang anjeunna linggih di Jepang, hébaaat lah. Sanaos anjeunna linggih di Jepang tapi masih mikirkeun Sunda. Karya jeung pemikiranana ditarima sacara nasional jeung internasional. Éta hiji buktos yén urang Sunda teu bodo. Wilujeng tepung taun Kang Ajip, semoga lahir Ajip-Ajip lainnya nu nambih kareueus urang Sunda (ti abdi nu ngan bisa nyaah wungkul ka Sunda).

ARTHUR S. NALAN, S.sen, M,Hum (pangarang, Ketua BACC & STSI Bandung):
Naon-naon nu dipigawé ku Pa Ajip dina dunya sastra Sunda baris jadi tutungkusan urang sakabéh yén urang ogé kudu boga tutungkusan.


ASÉP RUHIMAT (penulis, Guru SMP Pasundan, pangurus PPSS):
Lumbrahna keur nu umur 70 geus pada mikiran haying pada-ngawulaan, tapi Kang Ajip mah geuning teu kitu. Mikirna angger belekesenteng, ébréh tina sumanget jeung tulisanana nu ngagolontor. Tétéla, béda.

CAHYA HÉDI, S.Sen, M.Hum. (dosén STSI Bandung
):
Ajip Rosidi mangrupa roh-na urang Sunda nu satia miara jatining Sunda.

CÉCÉ SOBARNA, Dr, M.Hum. (dosén Jur. Sastra Sunda Unpad):
Kang Ajip téh lir panggeuing pikir jeung panghudang rasa kasundaan. Wilujeng tepang taun, Kang. Hurip diri waras Sunda.

DADANG SUGANDA, Dr, M.Hum. (Dékan Fakultas Sastra Unpad)
Ajip Rosidi téh Ki Sunda nu mendunia.

DÉDÉN ABDUL AZIS (pangarang, wartawan):
Ka Ajip Rosidi mah loba nu apal yén anjeunna resep maca da koléksi bukuna gé ngarébu, tapi arang nu apal anjeunna resep barangdahar. Anyaran nganjang ka bumina di Jatiwangi, disuguhan kadaharan ahéng, kopi panas jeung simeut. Ajip Rosidi mah ampir di unggal kota apal kadaharan nu ngeunah, mun basa ayeuna mah jago kulinér.

DÉDDY ÉFFÉNDI (pangarang, pelukis):
Ajip Rosidi téh hiji pribadi anu antik. Henteu sajuta hiji pikeun urang Sunda nu samodél anjeunna.

DÉDI DJAMALUDIN MALIK (anggota DPR
RI):
Ajip Rosidi téh sastrawan Sunda nu nyantri, produktif karyana, kuat integritas pribadina, basajan, jeung gedé percaya dirina. Wilujeng milangkala ka-70.

DÉNI HADIANSYAH, S.Pd (pangarang, guru SMA Yayasan Atikan Sunda):
Kang Ajip Rosidi téh katitén karep tur karasa ketakna kana ngahirup-huripkeun Ki Sunda. Ku ayana Hadiah Hardjapamekas upamana, ka hareup pamor tur ketak guru-guru basa Sunda kairong baris leuwih ngaronjat. Taya lian éta téh ku alpukah Yayasan Rancagé nu dikekentongan ku anjeunna. Mugia manjing yuswa 70 taun, Kang Ajip, apanjang-apunjung. Muga leuwih rohaka jeung bro-broan ngurus Ki Sunda. Pun, hurip Sunda !


DÉNI HÉRMAWAN, Drs, MA (dosén STSI Bandung)
Ajip Rosidi salaku budayawan nu macakal tur mibanda komitmen nu kuat dina ngamumulé budayana sorangan.


DIAN HÉNDRAYANA (pangarang, presénter Bandung TV,pangurus PPSS):
Liang gedé nerus bumi, umur téh enya ngolotan. Wilujeng tepang taun nu ka-70.


DIDIN SABARUDIN (aktivis Bandung Spirit):
Ajip Rosidi adalah sastrawan, maestro Sunda visioner yang bersahaja tapi tegas berkarakter.


DINDIN S. MAOLANI (Pengacara, pakar hukum):
Pa Ajip yang saya kenal dari tulisan-tulisannya adalah sosok yang memiliki wawasan yang sangat luas dan konsisten dengan pendapat-pendapatnya, serta santun dalam penyajiannya tapi tetap tidak kehilangan nilai otokritiknya. Penulis-penulis muda harus mau berguru sama Pa Ajip. Selamat ulang tahun ke-70, doa saya semoga panjang umur dan tetap produktif untuk menulis. Salam.


DINGDING CHOÉRUDIN (Ketua jurusan B. Sunda UPI, pangurus LBSS):
Ajip Rosidi téh bujangga tanpa ijazah tapi karya-karyana katut tarékahna ngariksa basa, sastra, katut budaya Sunda alahbatan sarjana. Buah pikiranana jadi rujukan unggal mahasiswa sarta parasarjana. Munasabah nalika mancén tugas di nagri Sakura anjeunna dilélér Profésor téh. Kinten-kinten kémut ku pingpinan paguron luhur di Bandung kanggo ngalélér gelar Doktor HC ka anjeunna ?


DUDI SANTOSA (Pamingpin Redaksi Majalah Sunda Midang):
Wilujeng tepang taun ka-70, Kang Ajip. Mugia panjang yuswa, salamina kénging barokah tur panangtayungan Alloh Swt. Karya-karya Akang mugi mangpaat kanggo balaréa.


ÉDI SASMITA (aktivis téater, Wargi Galuh Puseur):
Pribadi kalih kadariaan dina kabangsaan katut kabudayaan Kang Ajip kedah dimumuléé, ulah pareumeun obor. Kang Ajip mah manusa langka di Indonésia malah di dunya. Mugi panjang yuswa, séhat, tur barokah.


ÉNDANG CATURWATI, Prof.Dr, (dosén STSI Bandung):
Ajip Rosidi adalah seorang Sunda yang berpikir moderat, obyektif, dan konsisten pada apa yang ia lakukan. Dia adalah orang Sunda yang menjunjung tinggi kebudayaannya tapi juga menghargai budaya orang lain bahkan bangsa lain.


ÉRWAN JUHARA, Drs, M.Hum (pangarang, guru, pangurus PPSS)
Kang Ajip Rosidi téh salasahiji budayawan/sastrawan otodidak, picontoeun urang sadayana; jembar manah, seukeut pangarti, luhung élmu, pengkuh micinta tradisi. Wilujeng milangkala ka-70, Kang Ajip.


ÉUIS KOMARIAH (panembang)
Sim kuring ngiring bagja réhna Kang Ajip dugi ka yuswa 70 taun bari teu kendat medalkeun karya, utamina seratan-seratan nu munel. Wilujeng milang kala, mugi hurip bari tingtrim, waluya sapapaosna.


GENDING RASPUZI, SH (seniman penca)
Ajip Rosidi teh jawara budaya Sunda. Mugia ngajega di pakalangan budaya Nusantara.


GUGUN GUNARDI, Drs, M.Hum (Dosén Sastra Sunda Unpad):
Saé pisan Unpad miboga karep anu hadé ngahormat ka salasaurang tokoh budayawan otodidak kalawan tos seueur karya tulisna.


HADI AKS, Drs. (pangarang, guru SMPN Lembang);
Kang Ajip pohara pentingna pikeun sastra jeung kabudayaan Sunda. Pamikiranana, panyawadna, ketakna, jeung – tah ieu nu matak kuring kayungyun mah – karesepna dina mantengkeun silaturahmi jeung papada. Ngan ka dieunakeun, Kang Ajip nu biasa poksang ceplak pahang, matak peureus kana punduk téh bet teu katémbong deui. Rupina perbawa tina yuswa sareng kajembaran manah anjeunna. Ngan balaka baé, dina hal ieu mah kuring téh asa kaleungitan. Wilujeng, Kang Ajip !


HASANUDDIN WS, Prof. Dr. (penyair, Guru Besar Universitas Negri Padang)
Ajip Rosidi bukan saja pelaku yang ikut memberikan corak bagi kesusastraan moderen Indonesia, tetapi ia juga sosok pengamat dan pencatat yang teliti tentang perjalanan dan perkembangan kesusastraan moderen Indonesia itu. Ia juga figur yang berkontribusi dan berjasa bagi pengembangan kesusastraan dan sastrawan sastra daerah, khususnya sastra Sunda, Jawa, dan Bali, Sejarah telah mencatat baktinya. Ia telah ikut memoles tegas birunya laut dan langit sastra Indonesia dan daerah.


HÉRMAWAN AKSAN (pangarang, wartawan Tribun):
Upami aya lima jalmi sapertos Kang Ajip, moal hariwang kana nasib sastra Sunda.


I.BUDHIANA, Drs, M.Si (Kepala Disbudpar Jawa Barat):
Ajip Rosidi adalah sosok pribadi yang total. Dia seorang budayawan unggulan Jawa Barat bahkan Indonesia yang patut diteladani, karena memiliki kepribadian yang utuh, mandiri, dan konsisten serta memiliki komitmen yang tinggi terhadap budaya daerah, khususnya dalam kenservasi (pemuliaan) bahasa Sunda. Hal ini tampak dari statemen-statemen actual, baik tulisan maupun prilaku positif keseharian tentang hal itu. Atas nama pribadi dan Dinas Kebudayaan dan Pariwisata Jawa Barat, mengakui sekaligus sangat menghargai atas upaya dan perjuangan yang beliau lakukan selama ini.


IDA ROSIDA KOKO (seniman)
Ajip Rosidi téh jenius. Sanaos anjeunna lami di luar negri tapi tetep émut ka lemah cai. Anjeunna hiji bapa nu hasil ngadidik putra-putrana, konsistén dina nyerat, hususna ngeunaan wilayah Sunda, kritikus hébat, koméntarna sok rada peureus. Anjeunna katingal ulet tur resep silaturahmi.


IDA WIDAWATI (panembang)
Kang Ajip adalah seorang seniman besar yang sangat sederhana, rendah hati, ramah, dan sangat familier. Khusus untuk saya pribadi, tak akan pernah lupa bahwa beliau yang pertama kali memberangkatkan saya bersama Tembang Sunda Cianjuran ke daratan Eropa. Saat itu saya merasakan kehangatan sebuah keluarga yang tulus. Wilujeng tepang taun, mugi-mugi Allah Swt. Maparin panjang yuswa, sehat walafiat sareng tetep Kang Ajip adalah Kang Ajip yang sederhana dan ramah. Hanjakal sesah newakna alias sesah mun hoyong tepang. Wilujeng Kang Ajip, Ceu Empat.


IDIN BAIDILLAH, Drs, Mpd, (Kepala Balai Pengembangan Bahasa Daerah, Dinas Pendidikan Jawa Barat):
Ajip Rosidi tééh saleresna picontoeun urang, sok sanaos urang moal bisa sagemblengna; tapi pasti aya anu ku urang bisa diédifikasi, boh ku urang salaku pribadi boh ku urang salaku masarakat koléktif. Tinggal kumaha urang ti ayeuna ka hareup ngayakeun tarékah nu nuju ka dinya.


IKE SARTIKA DÉWI, Dra. (karyawti RRI Bandung):
Sim kuring mah teu patos wanoh ka Ajip Rosidi téh, mung nuju budak sok sering ningal anjeunna ngempel di rorompok, duka sawala perkawis naon. Salian ti Ajip Rosidi, nu sok ngiring ngempel téh di antarana Mang Ajam, Mang Jerman, Mang Mahdar, sareng Mang Jaka. Katingalna aranjeunna daria pisan. Nu émut téh, Ajip Rosidi teu panuju pisan kana undak-usuk, tapi ari anjeunna ngobrol basa Sundana téh saé pisan.


IMAN SOLÉH (dramawan, dosen STSI Bandung):
Kuring mah curiga ka Pendékar Ajip Rosidi, boa-boa anjeunna téh titisan déwa ti Gunung Sunda.


INDRAWATI LUKMAN (penari, koreografer):
Dalam pengamatan saya, Bapak Ajip Rosidi adalah sosok budayawan dan pemikir yang sangat peduli terhadap pengembangan sastra Sunda. Beliau sangat menghargai karya dan kreativitas orang, terutama bidang sastra. Beliau adalah pribadi yang santun dan sederhana.


IRA INDRAWARDANA, S.Sos. (dosen Antropologi Unpad):
Ajip Rosidi adalah salah seorang figur tokoh sastrawan Sunda yang tegas dan lugas dalam wacana karya, sikap, dan pandangannya. Satu sisi sikap ini perlu diteladani oleh generasi muda Sunda dalam mengukuhkan jati diri kebudayaan Sunda di tengah ‘perang’ budaya pada era globalisasi saat ini. Oroduktivitas dalam berkaryanya pun patut dicontoh sebagai sikap darma bakti Ki Sunda sekarang dan masa datang.


ITTO CS MARGAWALUYA (pangarang)
Kang Ajip mah ti keur anom tug ka kiwari angger waé, sasauran saujratna, kritisna, pengkuh kana pamadeganana, teu ngabéda-béda bulu. Sareng deui, kawasna cadu upami nampi serat teu éénggal ngawalonan, tur gampil omhang. Mugia rahmat Alloh tansah nyarengan.


JUNIARSO RIDWAN, Ir,M,Si (penyair, Kepala Dinas Tata Ruang Kota Bandung):
Réputasi Kang Ajip méh nenggang ti nu lian, taya nu bias mapakan. Tepi ka kiwari karyana ngamalir lir wahangan nu taya saatna. Vitalitas tur napasna panjang. Pon kitu deui kanyaah tur perhatianana kana kamekaran budaya teu kawatesanan ku garis géografis. Mugi Gusti Maparin kaséhatan nu prima tur yuswa nu panjang ka Kang Ajip. Hurip waras, bagja waluya !


KIKI ….. (wartawan Galamedia, pangurus PPSS)
Kang Ajip téh hiji budayawan nu pengkuh ngamumulé kabudayaan Sunda bari tara meredih ka pamaréntah. Aya saéna cara Kang Ajip téh diturutan ku para nonoman dina ngamumulé kabudayaan tong gumantung teuing ka pamaréntah. Pun sapun ka Nu Agung, mugia Kang Ajip panjang-punjung !


KOMANINGSIH, Dra. (karyawati RRI Pusat, Jakarta):
Ajip Rosidi téh sastrawan tulén. Wilujeng milang kala sang pujangga !


MAC ADITIAWARMAN, Dr, M.Hum (dosen Universitas Bung Hatta, Padang)
70 tahun sudah teratai mengapung di air. Pasang naik, pasang surut silih berganti, namun kau tetap berada di permukaan. Wahai teratai si bunga langka yang tak pernah layu, kembangkanlahpopulasimu, walau banyak orang melupakanmu. Tetapi, bagiku engkau tetap pahlawan, pahlawan budaya dari negeri khatulistiwa. Selamat ulang tahun ke-70, semoga Mang Ajip tetap dalam lindungan Allh Swt. Amin ya rabbal alamin.


MAMAN GANTRA (wartawan …………..):
Ajip Rosidi téh sajatining manusa Sunda, taya duana. Wilujeng tepang taun, mugi rahayu salamina.


MIFTAH MALIK (pangarang, wartawan Galura)
Urang Sunda mah sok katingali kolotna kajaba Ajip Rosidi. Kang Ajip mah bisa ngajaga jiwana tetep pinuh ku vitalitas. Kang Ajip mah teu kungsi kolot, teu weléh kritis jeung togmol. Hanjakal taya nu nurutan. Biasana urang Sunda mah mun geus umur 50 taun téh sok jadi lungguh, borangan, kawas taya kawani kajaba Ajip Rosidi.


NANANG SUPRIATNA (wartawan Galura)
Ajip Rosidi téh salasaurang tokoh Sunda nu panceg dina sikep, henteu gedag kaanginan dina nanjeurkeun naon-naon nu dianggapna bebeneran jeung daya upayana diketrukkeun keur Ki Sunda. Hanjakal anjeunna tacan bener-bener dina nyiapkeun kaderna, kaasup di Yayasan Rancagé.


PRAMAPUTRA, Drs. (Kepala UPT Kepurbakalaan Disbudpar Jawa Barat)
Mugi pamadegan Kang Ajip Rosidi janten cicirén nu pageuh pangangkeuhan.


RINA OÉSMAN (panembang)
Ceuk AR : Undak-usuk basa kudu dileungitkeun da éta mah budaya (féodal) Jawa.Ceuk sim kuring : Yes !!!!


RISNAWATI (pangarang, guru SMA Subang)
Mun di jagat sastra Sunda teu aya Kang Ajip, duka kumaha pijadieunana. Boa sirung-sirung nu renung téh langlayeuseun teu kacéboran. Kang Ajip nu haat ngipuk, ngoyos, jeung ngagemuk karya-karya pangarang Sunda sangkan ngajadi buah. Wilujeng Milangkala ka-70, mugia Allah Swt. Ngalungsurkeun pirang-pirang rohmat sareng barokah ka Akang sakulawargi.


SÉNNY ALWASILAH (pangarang, Dosen FISS Unpas)
Téstimoni: Kang Ajip lir cahya anu moncorong nyaangan haté urang Sunda.


SOÉRIA DISASTRA/XIN YUÉ (pangarang, Ketua Lembaga Mekar Parahiyangan):
Nu katingal jeung karasa ku kuring, Ajip Rosidi téh jalma nu ku haténa, ku cariosanana, ku laku lampahna, jeung ku duitna mikanyaah, ngamumulé, ngaronjatkeun, jeung ngembangkeun urang Sunda katut basa, sastra, kabudayaan Sunda; bari teu poho kana kaindonésianana.


SONI FARID MAULANA (penyair, wartawan Pikiran Rakyat):
Kang Ajip itu orang yang punya komitmen tinggi pada kebudayaan Sunda. Hal itu ia tunjukkan dengan kerja nyata dan bukan sebatas wacana. Untuk kedudukan Kang Ajip dalam kebudayaan Sunda saat ini penting artinya dan tidak tergantikan oleh siapa pun.


SYAFRINA NOORMAN, Dr, MA (dosen Jur.Bhs, Inggeris UPI Bandung):
Pak Ajip telah menyadarkan saya akan akar budaya Sunda yang saya miliki dan membuka hati serta pikiran untuk berperhatian pada budaya Sunda dan budaya local lainnya. Saya sangat beruntung.


SUPARDJO, Drs, M.Hum (Dosen UNS Solo, pemelihara naskah-naskah Jawa):
Kang Ajip adalah sastrawan besar bahkan budayawan kelas dunia. Selayaknya ia mendapat gelar Pujangga. Selamat ulang tahun ke-70, semoga Allah senantiasa memberi berkah, rahmat, dan Akang tetap sehat. Walaupun usia sudah tua, saya yakin Akang akan selalu berkarya demi kemajuan sastra dan budaya sehingga mampu mewujudkan Indonesia sebagai tamansari dunia. Salam.


TÉDI PERMADI, SS,M.Hum. (Dosén UPI, rékonstruktor kertas saéh & kujang pamor, pangurus PPSS)
Kanggo sapribadieun sim kuring mah, Ajip Rosidi
téh ibarat mercusuar sastra jeung budaya Sunda.


TETET CAHYATI, Dr, M.M. (pelukis,pengarang)
Saya sangat menghormati jasa-jasa dan perjuangan Ajip Rosidi terhadap bangsa dan Negara, terutama masyarakat Sunda. Beliau berjuang maju tak gentar, berkarya dan beramal.


TÉTI HODIJAH, S.Pd (pangarang, karyawti Museum Sri Baduga, Bandung):
Ajip Rosidi téh sastrawan, budayawan, élmuwan; nu nyaah ka Ki Sunda lain ukur lalambé, tapi pok pék prak. Mugi panjang yuswa, Kang; séhat salamet salalamina.


TISNA SANJAYA (pelukis, dosén FSRD ITB):
Ajip Rosidi téh budayawan Sunda nu langka, orisinal; jelema Sunda anu boga karakter, harga dirina kuat. Hésé néangan jalma nu kawas kitu, jalma nu teu ngérakeun urang Sunda.


TJÉTJÉ RAKSA MUHAMAD (dramawan):
Ajip Rosidi téh pangarang jujur, tara sumput salindung dina nembrakkeun masalah, kawas Bima mun dina pawayangan mah, boh dina sajakna boh dina kritikna. Matak pantes mun loba nu nyeri haté gé.


TOTO SUTJIPTO, Drs. (Kepala Balai Kajian Sejarah & Nilai Tradisional)
Sim kuring mah reueus pisan ka nu jenengan Ajip Rosidi téh. Ketakna, gagasanana, sarta perjoanganana dina nanjeurkeun budaya Sunda éstuning hésé diturutanana.


T. BACHTIAR (penulis, anggota Komunitas Riset Cekungan Bandung):
Ajip Rosidi mah kawasna sadar yén planét kahirupan mah kudu salilana muter. Lamun henteu, bakal mental jadi tai béntang, jadi lebu kagosok panasna atmosfér jaman.


UNAY SUNARDI (wartawan Mangle):
Kang Ajip kalebet salasawios tokoh tilu jaman, ajeg panceg nganteng kanyaahna kana kamekaran, hirup-huripna basa, sastra, katut budaya daérah. Dina prakna henteu kawatesanan ku wilayah administratif pon kitu deui étnisitas. Kang Ajip geus mawa Sunda/Indonésia ka jauhna. Kalintang payusna mun Kang Ajip nyangking hadiah nobel: bapa basa indung sadunya, mugia tinekanan. Wilujeng milangkala, Kang !


USMAN SUPÉNDI, Drs.M.Pd (pangarang, Dosén UIN Sunan Gunung Djati & Uninus):
Najan teu kungsi ngawurukan, tapi Kang Ajip téh guru kuring dina élmuning budaya Sunda.


WAWAN DARMAWAN, Drs.M.Hum. (Dosén STSI Bandung):
Sim kuring ngarojong pisan kana sagala ketak Kang Ajip. Pantesna mah anjeunna téh dilélér makuta Binokasih. Dijungjung janten presidén urang Sunda (tapi sanés Jawa Kulon).


YAYAT SUDARYAT, Drs,M.pd (Dosén B. Sunda UPI Bandung, pangurus LBSS):
Ajip Rosidi téh urang Sunda nu nyongcolang, diambeuan ku sasaha, gedé kawani dina nanjeurkeun budaya Sunda, utamana sastra Sunda. Anjeunna gé seukeut ambeuna jeung tilikan analisna najan kasar karasana; poksang, ucapanana tara didingdingkelir; Hanjakal gayana taya nu mapakan jeung nurutan, malah taya panerusna. Alusna mah Ajip nularkeun karancagéanana ka nonoman minangka entragan anyar.


YUMIATI MANDIRI (seniman)
Kang Ajip téh soméah, percéka, tur resep maca; luhur harti beunghar rasa ti bihari ka kiwari. Wilujeng tepang taun, mugi apanjang-apunjung, tumetep dina panangtayungan Alloh Swt.


YUS RUSYANA, Prof. Dr. (pengarang,Guru Besar UPI) :
Sdrk. Ajip mah teu kendat aya ketakna kanggo ngamajengkeun budaya bangsa, Wilujeng.


YUS R. ISMAIL (pangarang, paniten film)
Ajip Rosidi téh salasaurang nu ngajurung kuring diajar ngarang. Kawasna najan teu waranoheun tapi loba pangarang nu nganggap guru ka anjeunna.


YUS WIRADIREDJA, S.Sen, M.Hum. (panembang, dosén STSI Bandung)
Ajip Rosidi geus meujeuhna disebut ‘karuhun’ Sunda najan masih jumeneng; sabab anjeunna teu saeutik, boh kamandangna boh karya sastrana nu kawilang nyongcolang. Cindekna, Ajip geus méré kontribusi positif pikeun kajembaran budaya Sunda.

Komentar

Ngintunkeun Komentar