Saémbara Ngarang Drama Sunda 2009 PP-SS
PAGUYUBAN Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) rampak gawé jeung Téater Sunda Kiwari (TSK) baris ngayakeun deui Saémbara Ngarang Naskah Drama Sunda 2009. Ieu saémbara téh minangka tarékah ngaronjatkeun minat pangarang nulis naskah drama Sunda. Naskah pinunjul dina ieu saémbara baris dipintonkeun dina Féstival Drama Basa Sunda (FDBS) 2010 nu diayakeun ku TSK.
Keputusan Hadiah Sastra Rancage 2009
Penyerahan Hadiah Sastera “Rancagé” 2009 adalah yang ke-21 kalinya diberikan kepada para sasterawan yang menulis dalam bahasa-bahasa ibu. Pertama kali pada tahun 1989, diberikan hanya kepada sasterawan yang menulis dalam bahasa Sunda. Tetapi sejak 1994 para sasterawan yang menulis dalam bahasa Jawa juga mendapat hadiah sastera “Rancagé”. Dan sejak 1997, para sasterawan yang menulis dalam bahasa Bali juga mendapat hadiah “Rancagé”.Pada tahun pertama, hadiah “Rancagé” hanya diberikan kepada sasterawan yang menerbitkan buku unggulan. Tetapi sejak tahun kedua, hadiah untuk karya itu didampingi oléh hadiah untuk jasa, yang diberikan kepada orang atau lembaga yang dianggap besar jasanya dalam memelihara serta mengembangkan bahasa ibunya. Dengan demikian setiap tahun Yayasan Kebudayaan “Rancagé” mengeluarkan 6 hadiah untuk tiga bahasa ibu, yaitu Bali, Jawa dan Sunda. Di samping itu kadang-kadang memberikan Hadiah “Samsudi” buat pengarang yang menerbitkan buku bacaan anak-anak unggulan dalam bahasa Sunda.
Pinunjul Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS
Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS geus lekasan sarta juri nu geus nangtukeun saha nu jadi juarana. Nurutkeun catetan juri, tina 54 pamilon nu milu kana ieu saémbara, réréana mah tacan boga pangaweruh nu anteb ngeunaan sajak. Kahéngkér séjénna téh dina diksi deuih, pilihan kecap-kecapna. Sabada ditimbang-timbang ku juri nu diwengku ku Godi Suwarna, Étti RS, jeung Téddi AN Muhtadin, nya dipilih 5 pinunjul dina Saémbara Ngarang Sajak Sunda PP-SS. Nyaéta:
“Lawung Pangarang Sunda” jeung Pamasrahan Hadiah Saémbara Ngarang Sajak PP-SS
Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS), baris ngayakeun acara “Lawung Pangarang Sunda”. Ieu acara téh minangka pungkasna tina kagiatan PP-SS periodeu 2005-2008. Salila 3 taun katompérnakeun, dina kapangurusan Étti RS, PP-SS geus ngayakeun 30 kagiatan.
Akub Sumarna: Méh Satengah Abad Ngarang Basa Sunda
PAMATUHAN Akub perenahna di Kampung Andir, Desa Gudang Kahuripan, Lémbang. Di sisi jalan gedé, aya gang heureut, pungkal-péngkol mangrupa labirin. Lebah tanjakan, di sisi jalan liliwatan pisan, matuhna téh. Imah nomer 81, nu dina témbokna aya réklame nu nétélakeun yén nu matuh di dinya muka usaha sablon.
Basa ditepungan, Minggu pasosoré, 14 April 2002, Akub keur lalajo Pérsib dina tivi 21 inci. Luhureun sofa, aya piagem naplok na témbok, ti pamedal Geger Sunten taun 1996, minangka pangajén kana produktivitas nu boga imah dina widang kurung-karang. (Saenyana mah aya hiji deui piagemna téh, ti Departemen P dan K taun 1995. Ngan nu éta mah teuing nyelap di mana.) Lian ti éta mah, méh teu aya papaés naon-naon deui di éta rohangan téh.
Nu Katideresa dina Carpon Cécép
Ku Déni A. Fajar
KAHIRUPAN jalma katideresa anu ngancik di kelas handap geus réa diangkat kana carita. Tokoh-tokoh siga kitu deuih nu digambarkeun kahirupanana ku Cécép Burdansyah dina carita pondok anu kakumpulkeun dina kumpulan carpon Anak Jadah. Tokoh dina carpon-carpon Cécép karéréana sasat tokoh anu antihéro, da kapan ilaharna nu sok dijadikeun héro dina karya sastra téh kaom mapan baé. Bangsa bulu taneuh atawa nu mariskin mah tara pati katalingakeun. Mun téa mah rék diasupkeun kana kolom héro, nya héro Cécép mah taya lian nu ngarancik di kelas handap téa kayaning ungkluk, préman, padagang kaki lima, guru sakola dasar, kuli perkebunan, jeung sabangsana.
Darpan jeung Karyana
Ti barang gubrag ka dunya gé cenah ngaranna téh Darpan, ngan sa-Darpan-Darpan-na. Kungsi rada légég, ngaran dipapaésan jadi Darpan Ariawinangun. Cenah asbabun nujulna mah pédah basa keur rumaja sok ngirimkeun sasajakan ka hiji radio partikelir di Karawang, bari maké ngaran samaran Ariawinangun. Orokaya, sanggeusna dipikawanoh ku balaréa, aya nu nganaha-naha, sok sanajan teu pamohalan maksudna mah ukur heureuy. Pajar Darpan mah pantesna ngaran cacah, demi Ariawinangun ngaharib-harib kana ngaran golongan kusumah. Cindekna, dianggap teu lumrah. Éta sigana nu ngalantarankeun kadieunakeun mah manéhna balik deui ka ngaran nu asli, anu tangtuna gé beunang ngabubur beureum ngabubur bodas.
Potrét Kagiatan Saba Sastra PP-SS ka Kuningan

Poé Saptu, 21 Juni 2008, PP-SS ngayakeun acara “Gunem Catur Sastra jeung Pangajaran Basa Sunda” di Kuningan. Ieu acara téh minangka rukun gawé PP-SS jeung Balai Pengembangan Bahasa Daérah Dinas Pendidikan Jawa Barat, Pemda Kabupatén Kuningan, Dinas Pendidikan Kabupatén Kuningan, Dinas Pariwisata Kabupatén Kuningan, Majalah Sunda Midang, jeung Majalah Sunda Midang.
Godi Suwarna: Loyal guard of Sundanese heritage
From the long white hair to the sarong-style trousers and leather sandals from the West Java town of Garut, everything about Godi Suwarna says “artist”.
But the Sundanese writer does not care what people think. He believes in his choice to become an artist, a decision many people find hard to accept.
In a writing career spanning more than three decades, perhaps Godi’s greatest achievement has been winning the Rancage Literary Award three times.
Tresnaning Tresna - Rika Rafika
“Tresnaning Tresna” téh sajak kénging Godi Suwarna, dimusikalisasi ku Dian Hendrayana, terus dihaleuangkeun ku Rika Rafika. Ieu lagu teh hasil garapan Musikalisasi Sajak Sunda alpukahna Paguyuban Panglawungan Sastra Sunda (PP-SS) gawé bareng jeung Bandung Art & Culture Council (BACC). Wilujeng Ngabandungan.